Ieu mah seja nambihan wae manawi aya manfaatna:
No 1. Anjing katincak buntutna sok ngaguik. Babasan nuduhkeun jelema anu kasigeug tuluy ngagantawang.
No. 2. "Kajang" teh wadah sarupa katel. Lir kacang ninggang kajang: ngabelentrang, harus.
No. 3. .......
No 4, "Batu turun, keusik naek", kaasup oge sisindiran, harti asalna: itu purun ieu daek, nuduhkeun sapasang manusa (awewe-lalaki) anu geus sarua pada bogohna tur sapuk ngawangun rumah tangga. Biasana sisindiran atawa babasan eta dilarapkeun keur ngagambarkeun proses ngalamar atawa nanyaan anu lancar.
No. 5,
No.6, "congcot" = tungtung tumpeng, "bacot" = omongan. Babasan "murah congcot, murah (hade) bacot" = nuduhkeun jelema anu sok sanajan loba ngomong (atawa nyarekan) tapi berehan ku dahareun atawa resep mere. Atawa, sanggeus nyarekan teh sok tuluy ngupah ku pamere
No. 7, Naha careuh bulan? Eta pedah kulit careuh anu kacaangan bulan siga beunget anu kandel teuing ku wedak?
baktos,
manAR
On 5/8/06, sunda pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Rampes,Haturan teh Risda,Abi bade ngawaler no 4 sareng no 6, nu sanesna mah ku nu sanes we nya, sami teu terang, hehe4. Batu turun kesik naek, biasana dilarapkeun ka nu papacangan atanapi nu bade walimahan, duanana pada pada hayang. Kitu lah kirang langkung6. Diwedak kandel leuwih teuing siga ..careuh.. bulan.Sakitu manawi teh :)
Parisda Mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Sampurasun,Bade ngiring tumaros, mugi-mugi aya anu tiasa ngabantos.Abdi gaduh paribahasa anu teacan lengkap sareng kirang terang hartosna ti eta paribahasa teh, spertos kieu :1. Kawas anjing .......... buntutna2. Nir kacang ninggang ..................3. Ibarat budak dibeuteungan ........................4. Batu turun kesik...................5. Ulah tamplok .........nepi ka poho kana kaperluan sorangan6. Murah congcot murah....................7. Diwedak kandel leuwih teuing siga ................ bulan.Hatur nuhun pisan sa teu acan na.Risda,Nb.Punteun sateu acan na, pami aya kalepatan abdi dina nyerat keun kalimah anu ku abdi diserat di luhur.Hatur nuhun.
Blab-away for as little as 1ยข/min. Make PC-to-Phone Calls using Yahoo! Messenger with Voice.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

