|
Wilujeng sonten baraya....
Euh hanjakal Kang Dudi, kamari teh dikotektak dipilarian di sepen tos dijantenkeun kamer kunu ngontrak. Dipilarian dina lomari mung aya buku2 teknik pun Bapa nu judulna teu ngalalartos maklum basa Rusia xy*wjeygphro hihih. Eh, Mir damang? Kamari pendak dina mobil Andawuri sareng Pak Oji guru Biolohi meuni wararaas tos bodas rambutna sadayana. Modelna angger, lancingan rada ngatung, nganggo jaket rada belel, bade ka putrana nu di Bekasi saurnamah. Ngobrol we ngaler ngidul ngabsenan guru2 nu tos parangsiun sareng nu dines keneh di bah mana-bah mana na da kapegat macet di caket Situraja beuuu bisa oge macet nyaaa?! Pek teh aya nu nuju ngalereskeun jalan. SMP Wado teh bade ngalih ka Wado girang da cios dikeueum janten Waduk Jatiageung eh, Jatigede. (tadinamah mbung kasar tapi da ngarana Jatigede heheh.) Kang Tatan & Kang Yana aduh bujeng2 nyimpangkeun cobek belut da naek mobil unggah mobil, alias mobil um um bati hoyongna weee ningali sawo di Sukatali ngagarupayan mmmm nu amis kareueut tea. Pami nyandak mobil nyalira mah cobek belut & sawo teh tiasa dikintunkeun nganggo pail nangkod heheh. Maklum teu tiasa nyupir da ginggiapeun kantos nubruk mobil Pangdam III Siliwangi di payuneun bumi dinesna, untung sanes sedan tapi nu bututna (masih keneh untung ) ro2. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Radio Butut Roro Rohmah
- Re: [Urang Sunda] Radio Butut Dudi Herlianto

