Wilujeng ka Kang Ikmal sareng teh Ani anu parantos
"katitipan" si cikal. Ari usul kuring mah nami
tambihananana "kaisar" (tina operasi sesar) atanapi
Kusneta (tina KUSnet, anu jadi cukang lantaran kang
Ikmal jeung Teh Ani papendak).

Tapi aya nu ngaganggu yeuh. Geuning teu aya data-data
jabang bayi. Panjangna sabaraha, beuratna sabaraha,
warna rambut, jsb.

Pangalaman pun bojo, teh Ani kedah sing atos-atos
tilas "sayatan" operasina. Aya obat cina, dipurulukeun
kana tilas operasi ngarah enggal garing (hilap deui
namina). Teu kenging barangtuang nu haseum-haseum
sareng nu lada-lada,teu kenging seueur gerak, tiasa
mangaruhan kana 'kesembuhan' sayatan operasi. Salami
dua sasih mah pasti sok "seseresetan", nyeri sareng
peurih pisan.
salami eta, kang Ikmal kedah "puasa" heula nya.
Padahal pami anu lahir normal mah "puasa" cekap 40
dinten wae.

Tong hilap, upami ekahan ku dua domba, balad-balad
KUSnet diulem deui. Hulu dombana tong dipasihkeun kanu
meuncit, ke ku kuring dimasak janten "empal gentong
cirebon".

baktos,

mrachmatrawyani


--- ikmals <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Bagea Baraya sadaya....
>
> Abdi sakulawargi ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu
> tos ngadorong ku du'a
> sareng motivasi, terutamina teh Netty, kang Ndoell
> miwah garwana, anu teu
> kendat-kendat masihan dukungan moril dina saminggon
> abdi sareng pun bojo
> raraga ngabageakeun si utun....


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke