Tadina enya teu percaya sacongo buuk yen bandung teh siga kitu, da ari kaparengan ka bdg ge tara nyidik nyidik nukitu. Tapi kamari basa melong na tipi, eta gundukan runtah, dimana mendi, nu anehna mobil dinas kebersihan kota miceun runtahna teh oge kadinya, padahal dina bakna ngajeblag"jagalah kebersihan".Beu!  Biasana gundukan runtah nu teu diurus salian ti ngondang laleur, aro jeung bilatung oge ngondang pemulung. Pemulung riab terus nyarieun gubuk gubuk liar pagigir gigir jeung nu jarualan rongsokan, tralis urut jeung kusen urut. Antukna beungeut kota jadi sareukseuk,rudet, caludih, dekil, encan deui lamun eta para pemulung teh nyieun komunitas saperti komunitas masarakat miskin kota, aya nu nyundutan, ngabring ka gedong dpr, demo hayang dibere subsidi bbm. Nya beuki lieur we, ngurus runtah ge sakitu ripuhna katambah kudu ngurus jelema anu teu puguh dumukna tur teu puguh jebulna. Teu dicaturkeun deui ari ngurus bal mah da sok keok wae.
 
Baheula bdg lautan api, can lila bdg lautan asmara, kiwari bdg lautan runtah, ceuk nu rahul mun eta runtah diantep wae lila lila jalan ti bdg ka lembangkeun moal nanjak lantaran bdgna bakal ngaluhuran ku runtah. Masalah runtah moal tuntas ngan ukur ku ngurut dada, loba pisan jalan nubisa dileukeunan nya timimiti ti kasadaran pangeusi kota yen miceun runtah sambarangan kaasup kabiaasaan goreng, atuh pamarentahna dihangkeutkeun nyieun tpa anu ramah lingkungan, ngan kahade urang bdg tong boga pikiran hayang nyieun tpa diwewengkon smd, sanajan enya smd teh adibeuteungna bdg. 
sr
----- Original Message -----
Sent: Saturday, May 06, 2006 5:37 PM
Subject: [Urang Sunda] Bandung harusnya mendapat Piala

 
Kunaon, bandung tiasa kieu ?
 
Wargi Bandung ayeuna dihuni ku para pendatang, anu umumna pasti mung saheulananan, salami janten kuli, atuh upami seep padamelan nya mulang ka lembur masing-masing, dimana-mana oge para migran moal dugi ka "mikiran" kesehatan atanapi kenyaman temapt tinggalna, maranehnamah asal bisa "Hees jeung nyatu" cekapm, atuh anu bumen-bumen oge paling kapaksa dan bade mulang ka lembur teu gaduh nanaon, aya paribas " Rek Naon Balik ka Lembur Ari kitu keneh-kitu keneh mah". nya akibatna kieu yeuh dimana-mana daerah tidak nyaman, mangga geura para saderek sumping ka Cicadas, kiara condong, ka gumuruh ka lingkar selatan, ka Ciroyom, kitu oge Ledeng, Cipedes, Cicaheum, komo disepanjang jalan Sukarno hata mah tempat icalan kusen bekas, anu umumna dihuni ku etnis Madura, etamah estu teu aya bentena sareng tempat runtah, eta geura dalem kaum atanapi pasar baru geuningan runtah wungkul.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke