Ngadu Rahul
Turun tina beus eksekutip Entoy langsung puncat pencet kana hapena. "Salamat siang, silpeur beud yah, pesen taksi dong,persis didepan terminal rambutan!" Karek ge nutup hapena, kurunyung taksi limosin kelir hideung meles,eureun dihareupeun manehna. Entoy langsung ngajewang leungeun mang Adun anu masih keneh hareugeueun lantaran sauumur nyunyuhun pitaks karek harita diajak jalan jalan ka Jakarta. "Hayu mang, wang jalan jalan tea!" Sulusup duanana arasup, cep hawa dijero karasa tiis, patojaiyah pisan jeung hawa diluar. "Bade angkat kamana?" ceuk supir bari mencet kenop argo. "Ngurilingan jakarta!" jawab Entoy. "Har geuning apal abdi urang sunda!" sambung Entoy heran."Katingal we tina kumisna!" ceuk supir bari ngageuleuyeungkeun limosinna.
 
Palebah bunderan Semanggi, curuk Entoy bentik nunjuk hiji wangunan agreng. "Tah ieu teh paragi balanja kolor uing mang, malahan mitoha nu boga plaza ieu,kungsi sajok dina pasawat jeung mitoha uing basa mitoha balantik ka eropah!" ceuk Entoy teu euleum euleum. "Lain jang, pan mitoha ujang mah wa Sukinta bandar  gula tea lin?" mang Adun  heran, da ceuk pangrasana mitoha Entoy mah ngan ukur hiji hiji. "Ih ari emang,ieu mah mitoha ti pamajikan uing anu cicingna diapartemen, Mang!" ceuk Entoy malah tambah maceuh. Ngadenge kitu, panon supir ngarindat, aneheun meureun lantaran omongan jeung tagogna jauh pisan bedana.
 
Ti bunderan semanggi, mobil ngagorobas kahandap ka jalan sudirman,mang Adun ngan ukur bati cruk crek ningali wangunan anu jarangkung tur aragreng.
"Tah bisi hayang nyaho, uing kungsi digawe ditempat ieu, Mang!" Entoy nunjuk hiji wangunan jangkung anu luhurna manclis kawas pulpen kalam.
"Baruk, ditingkat sabaraha, jang?"
"Ditingkat pangluhurna, malahan mun inget kalembur sok ngahaja ngalangeu palebah mamanclisna!" Supir ngarindat deui, angenna ngadadak harey.
"Aeh ari akang tos lami janten supir taksi teh?" Entoy nyelang nanya ka supir.
"Nembe saminggu, ieu ge tamba kesel, da tina hasil kontrakan ge asana mah langkung ticekap!"
"Ari kapungkur kantos nyepeng damel naon?"
"Kapungkur kantos janten kusir, ngan kusabab unggal narik sok dibekokan ku kuda, nya gentos pakasaban janten kasir, kitu deui jadi kasir ge teu ceeh,da hariwang bilih buntut kasiran,nya antukna dugi kaayeuna ngelola kontrakan!"
"Baruk gaduh kontrakan, didaerah mana kitu?"
"Ah teu pira,di kalapa gading square dua unit,bukit sentul lima unit, tah sakedap deui ngantosan tanda terima konci, opat unit deui diapartemen diwewengkon casablanca!" ceuk supir teu eleh geleng.
"Oh kitu, saleresna abdi ge gaduh, pami dikontrakeun mah lumayan, ngan di culkeun we da teu aya nu ngurus!"
"Di daerah mana?"
"Eta diwewengkon pondok indah, persis digigireun imah inul pisan, atuh di plaza senayan tambi lumayan gaduh butik 2 elos,ari GI shopping town nembe ge tatahar da ngabanguna ge teu acan rengse!"
 
Nepi ka bunderan HI, teuing kunaon mobil teh ngan kukurilingan aya kana lima balikna. Entoy noel taktak supir bari pok ngomong.
"Kang, nanahaon bet kukuriling kieu ieu teh?"
"Punten, ieu lampu sen katuhu hurung terus, teu tiasa dinormalkeun deui!"
"Har, coba atuh cetrekeun heula konci kontakna!"
Enya we, barang geus dicetrekeun mah lampu sen teh paeh sorangan, terus disadakeun deui geuleuyeung maju deui.
"Tah mang, mun hayang asup kana tipi atawa koran, pek geura gogorowokan didieu, terus naek kaluhur, geus diluhur heug ajak sasalaman ka patung, atuh turunna kudu ngajleng tiluhur, pasti emang langsung disiarkeun diheadline news atawa aya laporanana didetikom!"
"Ah, sudi teuing, kuriak pejet we awak emang !"
 
Sanggeus ngaliwat bunderan HI, mobil nyemprung ka kalerkeun, palebah sarinah reg eureun da kacegat lampu merah.
"Mang, tuh itu teh paragi ngopi uing!" ceuk Entoy bari nunjuk tempat ngopina eksekutip jeung selebritis nu pernahna aya disebrangeun jalan.
"Naon da macana ge emang mah teu bisa jeung teu ngarti!"tembal mang Adun bari melong tempat anu dituduhkeun ku Entoy.
"Eta teh Starbuck tea mang,ngan kade didinya mah ulah nanyakeun bubuy hui cilembu!"
"Hmm...teu nyangka emang mah, geuning ujang teh dikota mah lain jalma belem belem, nongkrongna ge dina kitu!" Irung Entoy kontan rebeh.
 
Sanggeus muter arah dihareupeun RRI, mobil langsung ngenca nuturkeun jalur bus way arah pulo gadung, terus meulit ka hareupeun setatsiun gambir,bras kahareupeun monas.
"Hanjakal ayeuna keur ceudeum, mun keur panas mah loba nu mawa nyiru dihandapeun monas teh, Mang!"
"Nya keur nanahaon kitu, Jang?"
"Pan ari keur panas mah emasna teh sok leeh, tah mun nyurucud kahandap gancang ditarandean kunyiru!" mang Adun percaya we sanajan omongan Entoy loba nu teu asup kana uteuk.
"Tah mun ieu, istana persiden tea, Mang!" ceuk Entoy basa taksi nu ditumpakanana ngaliwat kahareupeun istana.
"Euleuh enya we nya meni agreng,ieu teh paragi gogorowokan oge, Jang?"
"Enya mun nek nyoba pek we meungpeung kadieu, nek ngagorowok gemuk mahal meunang, nek ngagorowok jalan ruksak meunang, subsidi jeung ra'yat miskin hayang ditaekeun meunang, pokona nek  curhat ge meunang!"
"Heueuh nya, kira kirana mun emang gogorowokan didieu bakal dititah asup, moal nya?"
"Ah duka teuing, kacuali emang ngajirim jadi cai, najan asup tur teu menta idin samemehna ge moal ditangkep!"
"Hmmh ..mun kitu mah susah nya tepung jeung gegeden teh, mun bisa patepung mah hayang pisan curhat, loba pisan nu nek ditepikeun!"
 
"Punten ari ayeuna bade teras kamana?" supir motong obrolan.
"Saleresna mah seueur keneh jugjugeun, ngan geuning waktuna samporet pisan, ayeuna mah kambek deui we ka terminal!" ceuk Entoy bari ngarindat kapalebah argo, hatena ujug ujug tagiwur.
"Har lain nek nyimpang ka apartemen bari sakalian ngalongok istri ujang nu ngora!"
"Puguh keur suwung, kaparengan geus tilu poe ka singapur nyiar bumbu dapur!"
"Ka imah ujang nu gigireun imah inul tea atuh,sugan we papanggih jeung inul!"
"Lain teu hayang mang,puguh imah inul teh kiwari sok aya nu ngademo, lantaran nolak RUU APP, jadi mun kadinya sieun kabalerang!"
"Atuh mun kitu mah daripada tebih tebih ka terminal deui mending naek kareta we ti gambir, pan caket tidieu!" ceuk supir mere ideu.
"Sanes nanaon kang, ari naek kareta teh can arapal ka kenekna!" dikitukeun, supir jeung mang Adun papelong pelong teu ngartieun.
 
Antukna mobil ngadius muru terminal rambutan deui, ngan sakolepat geus nepi kanu dituju.
"Sabarahaeun kang, ongkosna?"
"205 ribueun!"
"Teu salah eta teh, boa make argo kuda nya?"
"Moal atuh kang,ka sasama urang sunda moal tega kitu, puguh ku abdi ngahaja make argo kuya, meh teu mahal teuing!"
"Aduh kumaha nya!" Entoy semu nu bingung, da geus ka uji duit nu aya dina dompetna ngan ukur saratus rebu rebuna.
"Mang, boga sisimpen teu?" Entoy ngaharewos.
"Boro boro Jang, boga ladang gacong ge pan langsung disetorkeun ka pamajikan!" tembal mang Adun sorana kadenge kamana mendi,lantaran teu bisa ngaharewos tea.
"Kieu we atuh kang, ieu mah tamada we duit teh aya saratus rebu rebuna tah sakurangna cekel ieu ktp, isukan pageto ku abdi ditebus!"
"Ari teu aya uang cash mah, nganggo auto debet we atuh!" ceuk supir bari rikat ngasongkeun paragi ngagesekna.
"Aduh punten,kaleresan sadaya kurta kartu katut dompet dompetna, ka rendem ditempat londri!"
 
Dalah dikumaha, najan bari jeung kesel,supir kapaksa nampanan ktp anu diasongkeun ku Entoy. Hatena sok ngadadak medenghel mun ras inget deui ka omonganana anu ngabusah sapaparat jalan,masih keneh nongtoreng Entoy kungsi nyabit nyabit, imah inul,plaza semanggi, starbuck,apartemen,gedong manclis, balanja ka singapur. Sabalikna manehna ge sok nyenghel sorangan mun ras  deui ka kecap kalapa gading square, bukil sentul jeung apartemen nu aya di casablanca. Mun dipikir pikirmah enya sarua gejulna.
 
Biur taksi indit,dijajapkeun kupaneuteup entoy jeung mang Adun,lila lila ngiles kateureuy ku macetna kota jakarta.Sanggeus taksi teu katingali deui,pok mang Adun ngomong semu nu hariwang.
"Jang Entoy, mun kitu mah kumaha atuh ongkos jang balik kalembur?" 
"Tenang we mang, ke wang neangan beus anu kenal kenekna, ayeuna mah hayu wang ka warteg heula, pan geus lapar lin?"
"Har ari jang mayarna?"
"Gampang eta mah, ieu aya ktp tilu siki deui!"
 
SR ( ieu mah etang2 ngareuah reuah tur ngiring bingah ka nu nembe janten bapa he he)
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke