> Di Bandung-na timana akang ?

di rajamantri kaler teh. caket wartawan. buah batu tea.
  
>   Ciparay ?

di ciparay baranangsiang, nu aya teh urut kabogoh. heuheu
 
>   Ciparay-mah saneh Bandung atuh.

bandung keneh teh. saur kang Obay Subarna mah. persisna kabupaten
bandung.

>   Pribados-mah ngumbara soteh, pedah kedah tuhu ka akang anu pang
bageurna jaba pangkasepna deuih.

sami, si kuring oge ngumbara ka bandung, da aslina mah ciamis pisan.
tutugan gunung syawal. bade pulang kampung teu aya pacakaban nu cocog
di lembur mah. bade nyawah, teu gaduh sawahna, piraku ari kudu ngojeg
mah, keur mah motorna oge teu aya.
  
>   Sok atuh ari rumaos urang Bandung-mah, urang urus atuh atuh
Bandung-teh !

punten, moal kabujeng sigana. da si kuring tos gaduh uruseun sapopoe,
ngawulang atawa ngawadul  di jurusan desain interior itenas, oge gaduh
program yayasan perceka-kusnet nu ayeuna nuju dikeureuyeuh, ngadamel
perpustakaan di desa2 jawa barat/ngintun buku2na (data aya di http://
yp.urang-sunda.or.id/psk.htm). hehe. urusan kota bandung nu gede2 mah
ku walikota jeung wadya baladna we kadinyah. jang naon atuh aya
walikota jeung anak buahna ari sagala dibalikeun deui ka rahayat mah.
runtah mah ku PD kebersihan bin pemerintah kota bandung. warga tos
dipungut iuran tiap sasih, boh ku RT boh ku pemkot bari mayar listrik.

>   Kitu oge ngurus sampah mah teu kedah janten S-3 (SSS = Sarjana
Sangat Sakti), cekap janten SH (Sarjana Huut) atuh ........teu keudah
janten heula walikota jiga kang Dada atuh ......

asana warga bandung tos milu ngurus runtah. ari masing2 bumi mah
(produsen runtah) sigana tos nurut aturanku sabab masing2 gaduh
pacakaban sewang2an, nya ngan mayar we kanggo ongkos angkot jeung
sajabana. malah dua kali. sakali ka RT/RW, ongkos angkut ti payuneun
bumi ka tempat runtah lingkungan. ti dinya ku PD kebersihan kana
treuk. .

>   Tantangannya " SOK BUKTIKAN KALAU BANDUNG BISA MENGOLAH SAMPAH"..
..setelah itu "TERTIBKAN TUH BANGUNAN LIAR DISEPANJANG JALAN
PROTOKOL" ....... Jawabannya pasti tidak bisa, karena saya asli orang
Sunda .....orang Sunda tea euweuh kawani dan euweuh kabisa ...eh bit
mung ana wungkul nu kitu mah, akang-akang mah palinter ...tapi ari
palinter naha kitu atuihnya....


nyarios mah gampang memang heuheu. mangga dugikeun ka kang Dada Rosada
atawa ka kang Setia Hidayat.






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke