Kahatur Teh Ana anu nuju ngumbara....
Abdi ngaraos reueus ngagaduhan baraya pinter jiga Teh Ana. Sok atuh enggal mulang deui ka Bandung, ka lemah cai Teh Ana. Geura baktoskeun eta elmu pangaweruh Teteh pikeun kahirupan tur kahuripan lemah cai. Pami Teh Ana di pangumbaraan nuju nyukruk elmu nyiar pangarti, diduakeun ku Abdi sing kenging anu munel, nu tiasa diaplikasikeun, henteu ngawang-ngawang. Sakali deui, poma Teh Ana tong hilap lemah cai nuju ngantosan pangabaktosna....!!!
Cag ah...
Baktos,
OTA
*** Budak Bau Jaringao di Puseur Dayeuh
*** 6 Mei 1981
| "ana kristiana"
<[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected] 05/15/2006 08:35 PM
|
|
Aduh orang sunda pikarunyaeun pisan,
Bayangkeun masalah sampah di Kota Mandya –Bandung- Cimahi anu krusial teu diurus, eh ieumah wakil-wakil rakyatna kalahka Out-Bound ka Lembang. Bukannya istigfar, tahajud, muntang & neda ka Gusti Allah, sing dibersihkeun hate supados tiasa ngarengsekeun masalah, eh ieumah kalahka, pelesir, dibiayaan ku duit rakyat, tiditunamah aji mumpungnya, mumpung rakyatna barodo tarolol duitna dipake sukan-sukan oge moal bisa nanaon cenah.
Eta artos upami teu dianggo sukan-sukan, nyewa hotel sareng otel, tos cekap kanggo meser mesin pengolah sampah anu mutahir buatan Jerman barat............ dasar geus garelo sugan legistalatip jeung eksekutip-teh ...boa-boa jawa barat bakal diazab yeuh ku Gusti Allah ari pupuhuna jiga kieu mah.
Peristiwa ieu saleresna cerminan masyarakat sunda anu bodo, tolol, loba kasieun, wawasan sempit tur teu nyaho kawajibanana, naon sababna. Mangga emutan, bukankah wakil rakyat itu dipilih sama rakyat, otomatis atuh rakyatna milih inohongna anu langkung sae, langkung hebat wawasanana, nu pentingnamah langkung mementingkan kepentingan masyarakat anu diwakilanana. Tapi faktana wakilna wae geus teu matut, komo deui rakyatna anu leuwih bodo pasti paburantak kalakuanana. ... komo abdimah nu toslami teu di Bandung suganmah pangbodona we.
Ieu deuih mahasiswa (calon penganggur intelek), komo S-3 na mah (SSS = Sarjana Seneng Sare, atawa sarjana gawena molor) caricing deui wae, Ieu oge anu nunjukeun yen sabenernamah masyarakat anu menghuni Bandung – Cimahi ayeuna bener-bener "tak mau tahu" kota-na atawa pimpinanana, "Ini ciri khas para pendatang yang kebutuhannya Cuma makan dan tidur (nyatu jeung hees)".
Hei mahasiswa, S-1, S-2 atawa S-3 kudu-na ngageuing atuh lamun aya kalakuan pupuhhu jiga kitu. Tapi masyarakat model kieu moal wani ngageuing sabab loba kasieun, utamana sieun diusir teu dibere gawe.
Jadi urang sunda-mah tong boro ngurus nagara, kakara ngurus RW, kelurahan atawa, komo kota sagede Bandung wae geus teu mampu. Ieu oge anu jadi sabab kunaon di RI hampir teu aya orang sunda nu mampu jadi pamimpin, paling-paling nunutur batur anu jadi pimpinan (biasana pimpinanana orang Jawa tengah dan jawa timur). Tah upami kitu-mah, tinggali we moal saratus tahun deui tatar sunda eusina bakal diganti ku Minang, Jawa-tengah, jawa timur, komo China-mah. Kamana urang sundana, teuteup aya ngan jadi kuli anu panghandap-handapna, paling leuwih punjul saeutik ti budak belian.
Tapi teong sieun, tangtos wae Bandung- Jabar bakal bagus, maju jeung sajabana lamun diurus ku China. Contona Singapura 40 % wargana keturunan China ayeuna penghasilan perkapita dan kerapihan ketata-negaraana paling punjul sadunya.
Ari anggauta kusnet naon wae atuh gawena? ah paling oge ngabodor atawa ngawadul sapertos abdi......
Song nalangsa Ana-mah lamun ka lemburteh, ningali Cijaura, Jati, Buah Batu anu baheula reusik, lauk emas dina comberann na ayeunamah meuni jadi kampung gede, kumuh, kucel, dimana-mana panyakit.....dll anu moal matak betah dihuni.
Hayu sakieu heula ti Ana anu ngumbara.
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh Ika,
Aya solusi, pasti "cespleng" geura. Kanggo TPA sementara kumaha upama migunakeun lahan sabudereun kantor walikota, gubernur, atawa DPRD. Yakin, upama sakadang runtah aya dihareupeun maranehna pisan mah, moal kungsi lila bakal kaluar ideu-ideu kreatif nu gancang ngungkulan runtah teh.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

