enya lah, mendingan madungdengkeun siga kieu, nu matak
bisa ngagedekeun pangharepan, tibatan madungdengkeun
rasis jeung perang Bubat. Ku ayana kang Yogi (oge kang
Yaya, kamana yeuh tara aya wartosna), sugan wae atuh
sacara psikologis "termotivasi", Urang Sunda
(Indonesia sacara umum) teh geuning palinter.

Jadi inget tatangga  di RT kuring, batur damel kang
Kumincir di Eijkman. Disakolakeun di Walanda dina
widang mikrobiologi, sabada lulus S3 (predikatna cum
laude), "bosna" (Prof.Dr. Sangkot Mardjuki) masihan
nasehat wijaksana, tong waka balik ka Indonesia,
cicing jeung gawe heula wae di walanda, ke mun geus
wancina meunang balik ka Indonesia. (ieu beja teh
dicaritakeun ku kolotna ka kuring). Tapi aya bahayana,
naha bakal daekeun balik deui ka Indonesia, soalna
bulan Juni ieu, rarabi jeung urang Walanda.

baktos,

mrachmatrawyani

--- [EMAIL PROTECTED] wrote:

> Ooooh Kang Yogi teh urang sunda....??!!
> Abdi mah kataji ku obsesina nu hoyong ngamajukeun
> Indonesia. Sok sanaos
> anjeunna tos kenging popularitas sareng pasilitas nu
> kalintang saena,
> anjeunna teu hilap hoyong ngabaktoskeun elmu
> pangaweruhna pikeun kamajuan
> Indonesia, hususon institusi Indonesia dimana
> anjeunna damel.
> Sok lah susuganan we seueur urang sunda-urang sunda
> nu sanesna, nu
> palalinter, nu tos gaduh popularitas sareng
> panganken internasional, nu
> teu hilap ka lemah caina....
>
>
> Baktos,
> OTA
> *** Ono TAryono


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke