|
MH atawa kang Reka leuwih apal kaayaan ieu
mah ...
Nu katingal mah, biaya sakola di UTM upama
leuwih murah tinimbang di universitas BHMN. Lian ti eta tiket pesawat oge murah,
aya nu langsung KL - Bandung. Kualitas ? sigana mah sami wae ...
Nu heran .. SPP teu beda jauh, gaji dosen
di ditu jauh leuwih gede tinimbang di Indonesia. Jadi bisa wae, sakola di
Malaysia di ngajarna urang Indonesia keneh .. he .. he ..
baktos,
budhi
kurono kopo 241
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, May 17, 2006 3:49
PM
Subject: Re: [Urang Sunda]
Beasiswa AMINEF-PETRONAS-BRUNEI
Cenah,
sababaraha taun kapengker, seueur mahasiswa-mahasiswa boh ti Malaysia atanapi
ti Brunei nu ngadon kuliah ka Indonesia, sapertos ka ITB. Kunaonnya ayeuna bet
tibalik, teu sakedik mahasiswa-mahasiswa Indonesia nu ngadon kuliah ka
Malaysia sareng ka Brunei. Sobat sa-angkatan Abdi we oge duka tos sabaraha
jalmi nu nuju nyukruk elmu di Malaysia, raraosan mah langkung ti limaan. Naha
ieu teh totonden yen kualitas pendidikan di Indonesia turun...??!!Atanapi
pendidikan Indonesia tos kirang ajenna...??!!Atanapi kumaha....??!!
Da pami disebatkeun kualitas
pendidikanna (dina sudut pandang kurikulumna) goreng mah asa kirang merenah.
Buktosna we, seueur jebolan ti institusi-institusi pendidikan Indonesia nu
tiasa makalangan di dunia internasional. Cingan baraya kusnet aya nu tiasa masihan bongbolongan ka
Abdi ngeunaan hal ieu...??!!
Mangga diantos.
Baktos, OTA
"MRachmat Rawyani"
<[EMAIL PROTECTED]> Sent by: [email protected]
05/17/2006 01:02 PM
|
|
Mun teu lepat mah AMINEF teh nyayagikeun beasiswa kanggo
"berbagai bidang studi" jenjang master sareng doktor. Waktos pangahirna
daftar ping 31 Mei 2006 (data anu aya di kuring).
Kaleresan dinten
ieu teh di UI nuju aya presentasi sareng wawancara kanggo para lulusan UI
anu berminat ngengingkeun beasiswa ti univiersiti Petronas
Malaysia (UTP). Tos tilu taun UTP teh ngahaja
langsung ngadongkapan paguron luhur negri, milarian peminat anu bade
neraskeun tolab ilmi. Tapi imbalanana teh, si mahasiswa kedah janten
asisten di laboratorium. tah, tina ngaasistenan ieu teh kenging honor anu
cekap kanggo ngontrak bumi sasasiheun sareng masih nyesa keneh kanggo
uang saku mah. Kitu ceuk batur kuring anu nuju nyandak S3 di Petronas. Tapi
ari ceuk kang MH mah, ngarah lancar, kedah gaduh kontak sareng
salah saurang profesor di malaysia. Profesor ieu anu janten jaminan
tiasa milarian sumber-sumber beasiswa. Sanes kitu kang MH? Mangga ah,
pedarkeun langkung paos, seluk beluk per sakolaan di nagri
jiran.
Saleresna mah nagri Brunei Darussalam oge (Universiti Brunei
Darussalam) masihan beasiswa kanggo bebagai bidang studi. Biasana sok
ngayakeun seleksi dina sasih april kanggo perkuliahan sasih Agustus sareng
seleksi sasih Oktober kanggo perkuliahan sasih januari. Mangga wae
lamaran sareng nyuhunkeun informasi ka Director International Office-na
kana
email [EMAIL PROTECTED]
baktos,
mrachmatrawyani
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|