Kang Ono, guru Biologi si kuring basa di SMP ngadongeng, anjeuna pernah ngajar di Malaysia (taun-na hilap deui euy...)
anjeuna nyarios harita mah Malaysia teh kualitas pendidikanna sahandapeun Indonesia, dugi ka kedah ngimpor guru-guru ti Indonesia...
tah ayeuna mah nu di-impor ku Malaysia teh kuli kelapa sawit, kuli PRT jst...
 
 
^_^
ngaku we lah emang ieu nagri teh ancuuuur...
ari "individu"-na mah, seueur nu sae...
 
 
----- Original Message -----
Subject: Re: [Urang Sunda] Beasiswa AMINEF-PETRONAS-BRUNEI


Cenah, sababaraha taun kapengker, seueur mahasiswa-mahasiswa boh ti Malaysia atanapi ti Brunei nu ngadon kuliah ka Indonesia, sapertos ka ITB. Kunaonnya ayeuna bet tibalik, teu sakedik mahasiswa-mahasiswa Indonesia nu ngadon kuliah ka Malaysia sareng ka Brunei. Sobat sa-angkatan Abdi we oge duka tos sabaraha jalmi nu nuju nyukruk elmu di Malaysia, raraosan mah langkung ti limaan. Naha ieu teh totonden yen kualitas pendidikan di Indonesia turun...??!!Atanapi pendidikan Indonesia tos kirang ajenna...??!!Atanapi kumaha....??!!
Da pami disebatkeun kualitas pendidikanna (dina sudut pandang kurikulumna) goreng mah asa kirang merenah. Buktosna we, seueur jebolan ti institusi-institusi pendidikan Indonesia nu tiasa makalangan di dunia internasional.
Cingan baraya kusnet aya nu tiasa masihan bongbolongan ka Abdi ngeunaan hal ieu...??!!

Mangga diantos.



Baktos,
OTA


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke