Ngarana teh Juniar Jam'ah.
Ngan katelahna mah Niar we. Awewe cangker kelas 2 SMU di pasisian Garut. Pasna: Siswa SMU I Cisurupan. Teu pati loba anu wawuh ka manehna mah. Paling kulawarga jeung sababaraha urang batur ulina.

Ngan kamari ieu, ngadadak manehna jadi siga artis bin selebritis tea. Hal anu nyababkeun kituna teh, nyaeta ku prestasina nulis karya ilmiah antara SMU sa-Jawa Barat. Makalah anu ngan 6-7 halaman teh dijudulan rada putis: "Atom di Tangga Ruhani".

Eta budak kamari ka imah. Mondok dua peuting. Libur UAN, cenah. Kuring reu-eus pisan, nalika pun biang wawar yen eta budak geus juara. Salian ti meunang hadiah anu gedena Rp. 200.000, oge diharatiskeun sagala rupa bayaran ku sakolana tepi ka tamat SMU. Meungpeng di imah, ku kuring dititah presentasi deui we. Sabab panasaran ku eta Judul paper teh.

Sanggeus ngarenge sababaraha menit. Tetep we hese. Sabab manehna ngacampurkeun fakta-fakta fisika jeung kimia make paninggali (perspektif) filsafat jeung tasawuf. Nalika didesek, buku naon anu dijadikeun "pisau analisis" teori eta teh? jawab manehna, Nu kahji buku Falsafatuna karya M. Baqir Sadr, buku2 M. Iqbal jeung Harun yahya.

Teu wudu kuring rada ngagebeg. Sabab basa harita kuring diajar filsafat, maca eta buku teh hese. Ari ieu budak, malah geus bisa make eta elmu jang meupeuskeun teori fisika! Kuring ngamafhum, mun eta budak akhirna make metode burhani a la Ibn RUsd sabab, nya kitu tea, SMU di kampung mah euweuh lab na! Jadina olah fikir anu dipake. Untung we buku-buku kuring loba keneh anu tinggaleun di lembur, jadi we bisa dibaca ku manehna.

Ngarana Niar (bae sebut we kitu),
Teuing kumaha ka hareupna. Hayang ITB cenah. Jadi panasaran kana fisika.
Enya jug we ceuk kuring teh. Da ari boga pangabisa mah, moal hese ka mamana oge. Hiji hal anu rada panasaran, kuring hayang maca makalahna. Da ngarenge langsung mah, keukeuh we hese. Ma'lum, teu kungsi diajar fisika jeung kimia!

Ngarana Niar. Anu keur leutik keneh mah, siga lalaki pisan. Kaulinana kabeh siga lalaki. Ayeuna geus SMU, make tiung gede da aktivis Rohis, cenah. Tapi ari olah raga masih keneh basket. Atuh manehna teh jadi hijina awewe (bari ditiung deuih) anu maen basket. Padahal batur maena lalaki wungkul.

Tantan







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke