Punten kang Toto Hermanto, sigana akang teh nembe lebet ka milis KUSnet
nya? janten teu acan apal kamana lumpatna KUSnet. Komo make kecap
diskriminasi mah, kaciri masih mental Orde Baru, haha, punten ah. atah
pisan emutan teh, juragan. soal sunda, jawa, batak, eta teh LAIN SOAL
DISKRIMINASI, tapi ieu Republik teh eusina eta. ulah dileuleungit, da soal
budaya, soal akar, soal asal timana urang indit.

terang teu kumaha carana sangkan ieu nagara maju? mimitina mah ku cinta
tanah air. cinta ka tatar sunda oge cinta tanah air pikeun urang sunda
atawa saha bae nu cicing di tatar sunda, kaasup beurit, reungit, kadal
jeung sajabana nu cicing di tatar sunda, kudu nyaah ka tatar sunda.

anapon ngajurung atawa nulis soal urang sunda nu maju, US, kaasup nu
dicalonkeun jadi gubernur, eta pikeun ngahudangkeun kareueus, sangkan
sumanget. boga kareueus teh bisa jadi ubar pikeun sumanget. Hudang.
tujuanana sangkan US oge bisa jeung boga kualitas pikeun milu
gawe/berkarya/nyumbangkeun pangabisa pikeun nagara bangsa, ulah sarare
bae. da potensi atawa kualitas US oge teu eleh sabenerna mah ngan mentalna
kudu dihadean, cenah.

sakali deui, sanes urusan diskriminasi. tapi masalah bisa henteuna urang
nyumbang tanaga pikeun milu ngawangun.

soal pamingpin, conto nu rada jauh,  Clinton samemeh jadi presiden Amrik,
jadi gubernur Arkansas heula. salah sahiji faktor manehna kapilih jadi
gubernur arkansas, sabab manehna urang dinya. di urang aya istilah putra
daerah. sarua. lumpatna ka soal eta tadi, sugan ari urang dinya na mah
leuwih nyaah ka sarakan bari jeung meunang dukungan ku rakyatna jeung
saterusna.

bisi teu apal, si kuring bade mere  fakta we pikeun conto: calon gubernur
saatos Nuriana, diantawisna, letjen duka mayjen pur Tayo Tarmadi, wakilna
H. Rudy Harsa Tanaya. ketua PDIP Jabar.

Inohong Sunda di Bdg nyieun forum musyawarah masyarakat sunda (formmas)
pikeun ngadesek DPRD ceuk kasarna mah sangkan cagub di PDIP teu kapilih,
sabab arembung kudu boga pamingpin cina. aneh karuh, padahal mah geus haji
jeung islam cenah-da kuring mah teu wawuh.

Jadi kuring nulis dua US cagub DKI lumpatna ka hayang nembongkeun yen US
generasi beh dieu oge bisa saperti nu kungsi dipraktekeun ku Ali Sadikin.
duka US duka marinir nu pangkacirina di Ali Sadikin, tapi anjeuna urang
Sumedang. jadi basa nasionalna mah meningkatkan peran serta orang sunda di
panggung nasional dalam segala bidang, kitu tah.

sok sering ditulis batur, siga kang Ayip Rosidi, yen US teh populasina
nomer dua sanggeus jawa, tapi prestasina eleh ku batak atawa minang nu
dina jumplah populasi eleh loba ku US.

soal pamingpin ti mana bae asal adil jeung sajabana mah soal ideal, kabeh
pamingpin oge hayangna mah kitu, sugan. dina wacana soal kieu mah ulah
ngangge *tapi* soalna utopis atawa hese dina praktekna. conto eta cagub ti
PDIP tea.

wacana non-muslim mingpin nagara urang tapi tiasa mawa nagara leuwih maju,
nya ari ngan ukur wacana mah atuh, si kuring usul nu jadi presiden,
menteri jeung ketua lembaga tinggi negara teh impor we, urang Jepang,
Jerman atawa Skandinavia atawa yahudi sakalian. heuheu... paling henteu,
mun salah teh pan urang Jepang mah mengundurkan diri.

haputen nu kasuhun


----


Kang MJ.....pamingpin bade urang sunda...,bade urang batak.....sami
wae.....asal tiasa mimpin rakyatna nu adil.....sanes kitu?
  janten....ulah diskriminasi......ieu urang sunda....ieu urang batak,ieu
urang
jawa.....
  Cik...ieu wacana...
  Upami nagara urang dipimpin...ku non muslim....jeung lain urang
jawa.....,tapi
bisa mawa ka nagara...anu lewih maju....loh jinawi....rakyat
makmur.....sagala
ngenah.....,tah kumaha....satuju henteu.....,eta oge urang upami ningali
mung kana
kulit wungkul........mangga ah.....


mj

http://geocities.com/mangjamal








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke