|
Abong ngimpi tara pulah pilih heula, geus gereget
hayang ngimpi jeung luna maya, eh malah ngimpi jeung si cepot. Kieu geura
dongengna, dina rasa teh, si cepot milu keuheul, era pacampur jeung sedih
basa aya beja yen bandung kiwari jadi lautan runtah. Tuh nya si cepot wae ngilu
prihatin, padahal pan geus pada nyaho yen si cepot teh urang
tumaritis, jauh mela melu ti bandung. Sabalikna nu dumuk sapopoe di bandung loba
nu masa bodo. Ah dasar ngimpi. Saterusna der we kuring ngobrol jeung si
cepot mani uplek pisan.
"Lain euy pot, ari di tumaritis kungsi krisis
runtah kawas di bandung kiwari?" ceuk kuring
"Puguh we, malah di tumaritis mah leuwih parna ti
bandung euy, ceuk paribasa, bru dijuru, bro dipanto, ngalayah ditengah imah,
lain bobohongan pinuh ku runtah, teu dicaturkeun ari dina bakna mah da nepi
ka mudal teu kaurus!"
"Beu kutan kitu nya!"
"Tapi eta baheula, coba tingali ayeuna resik,
euy!"
"Geuning bisa kitu, kumaha carana?"
"Yeuh sabenerna dipawayangan ge teu beda jeung
diperdunyaan, aya istilah ABS!"
"Maksudna kumaha, pot?"
"Coba we mun aya iber nek aya raja ngalongok ka
tumaritis, dak dumadakan sakadang runtah teh ngaliles teuing kamana, nu aya
disapaparat jalan rajeg umbul umbul panyambutan!"
"Jadi di bandung ge kudu dilongok ku persiden
kitu?"
"Pek we cobaan, mun teu ujug ujug leungit eta
runtah abong, malahan anu tadina bau runtah, jadi melenghir seungit pewangi
ruangan, heuheuy...tobaaaatttt!"
"Tapi mun persidenna ngan ukur ngalongok sapoe,
meureun isuk pageto geus der deui we, runtah pabalatak!"
"Nya mun kitu mah, istanana we atuh pindahkeun ka
bandung, heu heu...!"
"Beu nepi ka kitu, nya!"
"Baheula basa tumaritis jadi tuan rumah ktt
sapawayangan, samemehna mah enya asa rungseub boh ku runtah, kaki lima pon
kitu deui taman anu teu ka urus, ngan sanggeus deukeut ka eta acara, asa cop
tumaritis di sebut paris van amarta teh, malahan jalan tol anu
nuju ka tumaritis ge diberedeg dianggeus anggeus!"
"Har geuning asa persis pisan kawas kajadian
didieu!"
"Nya kabeneran we, ngarana ge ngimpi, tah ayeuna
balik deui ka sual runtah atawa sampah aya
sampah anu susah leungitna sanajan pajabat atawa persiden mindeng
ngalongok!"
"Sampah nanahaon kitu, pot ?"
"Sampah masarakat tea, euy!"
"Nu sok papaok, malak, pamabokan tea
kitu?"
"Heueuh, tapi ngomongna tong bari melong kadewek,
dewek kasinggung deuleu!"
"Heu heu...lain euy pot, dipikir pikir
titatadi ngimpi jeung kang epot teh asa rugi euy!"
"Naha make rugi sagala, rugi palebah
manana?"
"Puguh tadi teh luna maya geus ringkang ringkang
nek kadieu, eh ningali aya kang epot, ngabiribit deui!"
"Heu heu...tobaaaatttttt!"
Tamat ngimpi jeung si cepot, eh dasar
milik ngimpi teh diteruskeun deui jeung luna maya, ngan wayahna nu ieu
mah moal di uar uar, bisi kabita he he.(sr)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] NGIMPI sr
- Balasan: [Urang Sunda] NGIMPI Aki Alit Bageur
- Re: [Urang Sunda] NGIMPI Kang Ule
- Re: [Urang Sunda] NGIMPI iva wanti
- Re: [Urang Sunda] NGIMPI yono
- Re: [Urang Sunda] NGIMPI oman abdurahman
- Re: [Urang Sunda] NGIMPI indung peuting
- [Urang Sunda] NGIMPI.....sampah van Java MRachmat Rawyani

