Subject: Re: US nu calon gubernur DKI

>Kang MJ.....pamingpin bade urang sunda...,bade urang batak.....sami
wae.....asal tiasa mimpin rakyatna nu adil.....sanes kitu?

sanes kang. mun pamingpin urang sunda mah, kuring boga rasa reueus. yen
aya oge US nu jadi pangagung, pamingpin. luamayan pikeun BUKTI jeung
ngagedean hate yen US teh teu moyodok, teu belegug. sugan sumangetna
nyebar.

>janten....ulah diskriminasi......ieu urang sunda....ieu urang batak,ieu
urang jawa.....

diskriminasi palebah mana? soal ieu urang sunda, ieu urang batak mah cobi
geura toong dina koran kompas minggu, sok aya rubrik KONTAK. di dinya aya
kieu, wanita, gadis (29) Sunda (atawa Jawa, Tionghoa, Batak, jrrd). eta
oge diskriminasi?

heuheu...naha pedah kuring nyebut aya dua US nu dicalonkeun jadi Gubernur
DKI disebut Diskriminasi? mun salse, diantos di pangulinan si kuring, di
jurusan Desain Interior Itenas, toong kumaha cara kuring ngawadul di
kelas, asana mah sikap kuring sarua ka mahasiswa urang batak, minang,
sunda, jawa, malayu, cina. diskriminasi teh hartina NGABEDAKEUN perlakuan.
sanes soal nyebut etnis atawa suku bangsa.

nu sanesna mah soal wacana tea nya mangga we nu tadi tah balesanana heuheu...

mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke