Baraya,
 
Hampura lamun ieu posting duplikasi jeung reply kana salah sahiji posting di milist urangsunda. Di dieu posting dibalikan deui kalawan sababaraha tambahan....Nyanggakeun:
 
------
 
Miceun runtah kalayan cara dikubur di TPA, eta ukur mereskeun masalah sawatara waktu. Ku sabab anu dumuk di Tatar Sunda, khususna Bandung, baris terus nambahan, boh ku reundeuyna katurunan atawa anu daratang ka Bandung, hiji waktu TPA anu anyar oge baris pinuh. Hal ieu kaalaman ku TPA Dago, Pasir Impun, jeung Leuwi Gajah. Bisa jadi, lamun nyieun TPA-na teu bener, kajadian musibah Leuwi Gajah kaalaman deui.
 
Bahaya sejen nyimpen runtah di TPA nyaeta kokotor tina runtah asup kana taneuh ngotoran cai taneuh. Leuwih bahaya, lamun TPA samodel kitu aya di tempat luhur jeung dina batuan anu carang (porous) siga batukeusik atawa batu kapur di Tagogapu-Citatah. Bahaya pisan keur cai taneuh di masyarakat di wewengkon sahandapeunana.
 
Ngokolakeun runtah kalawan diduruk oge teu pati hade. Salian ti boros bahan bakar, hartina boros beaya, oga aya kamungkinan haseupna ngotoran lingkungan hawa anu ku urang diperlukeun. Ngokolakeun runtah jadi kompos oge teu pati hasil jeung memang sacara konsep oge kompos teh masih nyesakeun masalah: hargana kawilang mahal (ongkos produksi masih gede) oge ongkos angkutna masih mahal, jeung dangongna teu pati dipikaresep ku patani. Patani leuwih milih gemuk kandang tinimbang kompos.
 
Ngongokalakeun runtah anu luyu jeung implengan miara lingkungan jeung sinergi ngaronjatkeun dunya tatanen, taya lian ti misahkeun runtah organik tina runtah an organik sarta ngarobah runtah organik jadi gemuk NPK super (lain kompos, da kompos mah masih nyesakeun masalah). Konsep ngokolakeun runtah sarupa anu akhir ieu, mawa kauntungan mangrupa runtah beak unggal poe kaserep ku pabrik, dihasilkeun gemuk NPK -organik super (nya kumplit sakumaha kaperluan pepelakan jeung murah) oge kauntungan sejenna (runtah an organik keur "pemulung", jrrd).
 
Nyakseni sorangan, proposal ngokolakeujn runtah siga anu bieu diguar geus kungsi katarima ku panangan pucuk pamimpinan/ pamarentaha pangluhurna di Jawa Barat. Oge kungsi katarima malah dibahas sagala rupa ku isntansi anu boga wewenang dina urusan lingkungan di Jabar. Hiji konsep anu geus aya rancangan prak-prakanana jeung balitungan kapantesan usahana buah karya urang Sunda pituin.
 
Hanjakal, sigana malati can lingsir ku wanci, campaka can ligar na mangsa, can kaparengkeun. Keun sugan ka hareup.
 
Ka para wargi anu aya minta ngusahakeun atawa ngarojong ieu rencana ngokolakeun runtah, mangga pariosan wae posting-posting sim kuring dina jejer sawanda di milist-milist [email protected] atawa [email protected] . Atuh bilih aya a u peryogi ku conto proposalna (anu dilengkepan ku konsep, contoh gambar-gambar prototipe mesin, jeung analisis biaya), mangga japri wae ka si kuring. Sagigireun ti eta, nyuhunkeun pidu'a ti sadaya, rehna aya ti kalangan Pamarentah anu haat bade ngulem sepuh anu nyiptakeun ieu rarancang ngokolakeun runtah jadi gemuk NPK super, akhir bulan ieu duka awal bulan hareup.
 
cag.
baktos,
manAR


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke