Sumpah ceu..sae sareng rame laporanana keur abdi
mah(LoL)
Mudah-mudahan Bandung enggal bebas runtah sareng
persibna kengingan! Oge ceuceu sing enggal gaduh xenia
opat mah utamina mah ketang Ceuceu sing sehat!

hehe





--- Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Aeh*Neng Iva damang? Ngadongeng sakedik aaahh*tos
> lami teu nganggo basa cohag, punten we nyaa*

> Kabeneran kuring  miluan Gema Nusa nu diayakeun ku
> Mama Ajengan Abdullah Gymnastiar tea.
> Mayar Rp. 10.000,- meunang kaos, nomor, panitih
> (lumayan urutna bisa dipake keur kudung) jeung iket
> hulu. Nya itung2 mecakan latihan nu sok dilakonan
> unggal Minggu, teu meunang lari ge atuh meunang
> "Hadiah Panto (Doorprize)" nyaeta Xenia & Ceria* pan
> aya pantoan kabeh ge lain? heheh*.

> Lomba lumpat sakalumpat lampet *kuring nyebut kitu
> soteh pedah niatnamah lumpat, tapi kumaha engke*da
> ceuk adi misan kuring,"Ceu, mending urang marapah
> wae nyaaa...bari ningalian nu herang jeung nu
> hade*heheh". Euh, ieu mah dasar! Ceuk Aa Gym oge
> sagala rupa mah kumaha niat*lempengkeun niat
> sampurnakeun ihtiar*

> Jol ka Jl. Peta dijaga ku Pulisi, lempang, da teu
> meunang aya motor atawa mobil ngulampreng kadinya.
> "Euleuh naon ieu the? Meuni dibunian? Ih, meuni pau
> peuih!!!" ceuk kuring bari nutupan sungut & irung.
> Sihoreng runtah disimbutan! make terpal badag oranye
> & biru, siganamah meh teu katenjoeun ku Gan SBY.

> Nepi ka parapatan geus ngagimbung jalma, ti siklukna
> ti suklakna, ti budak orok nepi ka nini. Subhanallah
> aya oge nu lolong, meuni sumanget make iteuk* trak*
> trek* trok. Siganamah para wanoja mah nariat pisan
> miluan ieu acara, nenjo bajuna meuni "marecing" kaos
> seragam beureum aya polet bodas, calana beureum,
> sapatu beureum. Loba nu marawa keresek, nu katenjona
> beurat pisan, disidik-sidik mah, naha siga timbel?
> Ieu the lari atawa botram?!!!

> Jam 6.00 WIB (Waktu Indonesia Bandung) Gan SBY muka
> acara. Siganamah nu dihareup mah ti jam tilu subuh
> geus cinutrung di garis START. Ngaliwatan podium,
> breh the Gan SBY, Mama Ajengan Gymnastiar, Menkopora
> Adiyaksa, srrd. Geuning kasep Gan SBY the
> heheh*karek nenjo ti kadeukeutan, ngan jarak
> sameter. Di podium hiji deui keur awewe aya Gan
> Istri, Ani Yudhoyono & The Ninih arimut meuni
> kareueut*

> Clengkeung the aya kolot lalaki,"Kang Dada, kumaha
> Persiiiib????!!! Kumaha Sampaaaah????!!!" Teuing
> kumaha indung leungeun kuring otomatis ngadon
> kaluhur bari beungeut nyanghareup ka si Bapa!
> Oh*.karek nyaho yen lalaki nu nyengir di podium bah
> ditu the Kang Dada*

> Sakumaha nu geus diniatan, lain lumpat tapi
> leumpang, da kumaha kararagok lumpat oge kunu
> hareupeun (alesan heheh). Di tengah jalan dibagikeun
> inuman haratis ti Vitazone, atuh puguh pahibut!
> Mangpang-meungpeung aya nu nyokot leuwih ti dua*
> Dibaruka bari lumpat & lempang*biasa lung*tutup &
> botolna dialungkeun sangeunahna *ngotoran deui
> jalan."Bangsa urang mah kieu daaa*dibere inuman the,
> miceuna dimarana wae!" Ceuk lalaki ditukangeun
> kuring.

> Nenjo nu kaperegat macet, geus pasti atuh
> jaramedud*.tungtungnamah bakat ku lila jadi ngaradu
> bako di sisi jalan, aya nu maca koran, aya nu
> ngalamun*meuni rupa2! Ceuk adi misan kuring, "Ceu,
> mudah2an urang teu disumpahan ku aranjeunna nyaa*!"
> Jam 08.30 WIB karek nepi ka Finish, aya SMS ti
> babaturan kuring. "Urang nepi jam 6.30, neangan
> maneh teu kapanggih.. bah mana?" Di bales ku kuring
> bari heureuy, "Ih, urang mah geus nepi ti jam 6.25
> keneh".Heheh*

> Eh, aya Kang Opick keur nyanyi Tombo Ati!
> Disampeurkeun weh rada jauh ti panggung da geus
> kapiheulaan ku jalema rea. Meuni reueus ningali bule
> nyanyi lagu,"Bersyukur..kepada*Alloh*".
> Diumumkeun saha-saha wae nu mareunang lomba kaasup
> urang deuengeun (ekspatriat) aya nu ti Amrik,
> Inggris, Korea jrrd.

> Keur resep2 ningali acara, aya santri awewe tiluan
> marake seragam mawa karung runtah. Subhanallah!
> Dipulungan hiji-hiji make leungeun, atuh kuring mah
> ngarasa era teuing nu sejen mah da hare-hare*nya
> dibantuan nu aya disakuriling kuring mah*meuni
> karayungyun eta santri, jeung arimut bari mulungan
> runtah. Tapi da dikumahakeun deui ngarana ge "Pesta
> Rahayat" pasti moal  inget-inget acan nu ngarangana
> runtah!

> Acara ngabagikeun hadiah dimimitian ti sepedah,
> kulkas & motor. Diselang-seling ku Padi,
> dibewarakeun deui bagi-bagi hadiah*nu teu eweuh
> jalemana diganti kunu sejen, nyokot deui nomor tina
> kardus*didedengekeun,lain deui *. lain
> deui*Tungtungna nepi ka acara "Hadiah Panto"* Ceria
> geus aya nu meunang*Tah, ayeuna Xenia*Aa Gym
> macakeun ngarana*Roooo*(aduh, kuring meureun
> nyaaa*.???!!!) Rohiimmmm*.


> cr
> ngalaporkeun langsung ti Bandung



>
>
> >>> [EMAIL PROTECTED] 05/20/06 11:26AM >>>
>
> Untung ngimpi si cepotna teu sareng luna maya nya.
> Sigana moal ngimpi soal runtah, tapi
> gelut.....hehehe
> Kaleresan dinten ieu aya acara Gema Nusa di
> Tegalega. Jalan nu sadidinten kalangkungan pami abdi
> damel. Sihoreng presiden SBY nu janten pambuka
> acarana. Ngadadak sakitar jalan anu dilangkungan ku
> SBY teh, runtah ngalaleungit.....heuheuheu. Saminggu
> we SBY aya di bandung, lumayan panginten runtah
> dimana2 bakal seep. Mung rugel we ketang, salami
> saminggu telat ka kantor wae :D
>
>
> Neng Iva 
>


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke