Innalillahi...
mugia, sing enggal didamangkeun tina panyawatna, dipasihan kasabaran, ka tawakalan tur kaikhlasan dina nampi cocobi..
Salam,
Ule
On 5/22/06, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
dua minggu ieu. asana ngarupakeun poe-poe anu beurat pisan karasana. lain rek ngangluh ieu oge. ngan hayang ngadongeng we, bati tiiseun.
***
Kuring dina dua minggu ieu, meunang dua tegoran gede. Anu kahiji to atasan kuring di Jakarta. Anu kadua mah, langsung ti pangeran, Allah SWT dina poe jum'at kamari.
Ari perkara anu kahiji mah, nya... sabenerna mah, mun meunang ngabela diri, kuring kurang komunikasi jeung atasan. Kawajiban sapopoe anu ditugaskeun, rada kabolay. Da pedah ngalaksanakeun tugas lain, anu ngan dipikanyaho ku sabagean pingpinan. Dina hal ieu Dekan jeung PeDek Hiji. Ari Pedek II mah teu apaleun. Ngan apaleun teh kuring keur ngurus proyeks we. Bari unggal tepung ngaomat2 ulah poho "manajemen fee" jang Fakultas cenah. ENya ceuk kuring teh.
Tapi, tingkah laku kuring kitu teh, dina prakprakana geuning aya anu teu reusepeun. Kabeneran deuih, manehna teh anggota senat tur dosen senior. Pas kamari aya rapat senat, paripolah kuring "digugat", malah manehna ngadesek kudu aya 'teguran' ka kuring anu tertulis. Alesana, kuring masih keneh CPNS, alias calon pagawe nagreg tea. Dekan jeung pihak anu apaleun teu bisa nanaon, da memang kuring teh masih CPNS anu boga kawajiban admistratif kunu nongkrong sapoe jeput di fakultas. Jadi kabiasaan kuring anu sok balik ti heula, teu ditarima ku dosen anu eta.
Atuh ku sabab dosen/ anggota senat anu eta terus ngadesek malah langsung nulis draft teguran, nya Pedek II nedunan. Anu kacindekana, kuring meunang teguran kahiji (bari make tertulis). Duh...
Anu kadua, ieu mah pangeran negor kuring. Enya, basa kuring balik ti Jakarta make motor tea, rada tarik. Na ari barang tepi ka Parung lebah Harco ngadadak aya motor mengkol. Da sieun nabrak eta, kuring mengkol, mengpar kasisi, ngajurahroh we. garpu motor pites kudu diganti total. Lumayan oge geuning pangaosna langkung awis batan gajih CPNS sabulan.
Tapi teu nanaon. Keun we. Meureun tos gurat nasib. Abdi dua poe ngajurahroh di kamar da lengeun jeung tuur barareuh. Komo deui motor, di bengkel keneh. Kudu ditebus. teuing kumaha tah.
"allahumma ajirna fii musiibatina; wahluflana khoiron minha" do'a kuring unggal poe.
Sakitu heula
baktos,
tantan
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

