ceu2?
Geuningan ceu2 ngiringan lomba lumpat waktos gema nusa. Hanjakal
dinten saptu abdi mah masih damel keneh, pami minggu mah sigana
ngemutan (masih keneh diemutan ngiring lumpat teh.....hehehe)
Saur beja aya nu dugika maot ku sabab gaduh panyawat jantung cenah.
Deuuh....ni hawatos nya.
Pami ceu2 resep kana lomba lumpat, saur beja deui bakal aya di
Gasibu sasih juni kitu ( pami teu lepat )mayarna 8000 rupiah. Duka
kamana daftarna mah :D
Neng Iva
--- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Aeh*Neng Iva damang? Ngadongeng sakedik aaahh*tos lami teu nganggo
basa cohag, punten we nyaa*
>
> Kabeneran kuring miluan Gema Nusa nu diayakeun ku Mama Ajengan
Abdullah Gymnastiar tea.
> Mayar Rp. 10.000,- meunang kaos, nomor, panitih (lumayan urutna
bisa dipake keur kudung) jeung iket hulu. Nya itung2 mecakan latihan
nu sok dilakonan unggal Minggu, teu meunang lari ge atuh
meunang "Hadiah Panto (Doorprize)" nyaeta Xenia & Ceria* pan aya
pantoan kabeh ge lain? heheh*.
>
> Lomba lumpat sakalumpat lampet *kuring nyebut kitu soteh pedah
niatnamah lumpat, tapi kumaha engke*da ceuk adi misan kuring,"Ceu,
mending urang marapah wae nyaaa...bari ningalian nu herang jeung nu
hade*heheh". Euh, ieu mah dasar! Ceuk Aa Gym oge sagala rupa mah
kumaha niat*lempengkeun niat sampurnakeun ihtiar*
>
> Jol ka Jl. Peta dijaga ku Pulisi, lempang, da teu meunang aya
motor atawa mobil ngulampreng kadinya. "Euleuh naon ieu the? Meuni
dibunian? Ih, meuni pau peuih!!!" ceuk kuring bari nutupan sungut &
irung. Sihoreng runtah disimbutan! make terpal badag oranye & biru,
siganamah meh teu katenjoeun ku Gan SBY.
>
> Nepi ka parapatan geus ngagimbung jalma, ti siklukna ti suklakna,
ti budak orok nepi ka nini. Subhanallah aya oge nu lolong, meuni
sumanget make iteuk* trak* trek* trok. Siganamah para wanoja mah
nariat pisan miluan ieu acara, nenjo bajuna meuni "marecing" kaos
seragam beureum aya polet bodas, calana beureum, sapatu beureum.
Loba nu marawa keresek, nu katenjona beurat pisan, disidik-sidik
mah, naha siga timbel? Ieu the lari atawa botram?!!!
>
> Jam 6.00 WIB (Waktu Indonesia Bandung) Gan SBY muka acara.
Siganamah nu dihareup mah ti jam tilu subuh geus cinutrung di garis
START. Ngaliwatan podium, breh the Gan SBY, Mama Ajengan Gymnastiar,
Menkopora Adiyaksa, srrd. Geuning kasep Gan SBY the heheh*karek
nenjo ti kadeukeutan, ngan jarak sameter. Di podium hiji deui keur
awewe aya Gan Istri, Ani Yudhoyono & The Ninih arimut meuni
kareueut*
>
> Clengkeung the aya kolot lalaki,"Kang Dada, kumaha
Persiiiib????!!! Kumaha Sampaaaah????!!!" Teuing kumaha indung
leungeun kuring otomatis ngadon kaluhur bari beungeut nyanghareup ka
si Bapa! Oh*.karek nyaho yen lalaki nu nyengir di podium bah ditu
the Kang Dada*
>
> Sakumaha nu geus diniatan, lain lumpat tapi leumpang, da kumaha
kararagok lumpat oge kunu hareupeun (alesan heheh). Di tengah jalan
dibagikeun inuman haratis ti Vitazone, atuh puguh pahibut! Mangpang-
meungpeung aya nu nyokot leuwih ti dua* Dibaruka bari lumpat &
lempang*biasa lung*tutup & botolna dialungkeun sangeunahna *ngotoran
deui jalan."Bangsa urang mah kieu daaa*dibere inuman the, miceuna
dimarana wae!" Ceuk lalaki ditukangeun kuring.
>
> Nenjo nu kaperegat macet, geus pasti atuh jaramedud*.tungtungnamah
bakat ku lila jadi ngaradu bako di sisi jalan, aya nu maca koran,
aya nu ngalamun*meuni rupa2! Ceuk adi misan kuring, "Ceu, mudah2an
urang teu disumpahan ku aranjeunna nyaa*!"
> Jam 08.30 WIB karek nepi ka Finish, aya SMS ti babaturan
kuring. "Urang nepi jam 6.30, neangan maneh teu kapanggih.. bah
mana?" Di bales ku kuring bari heureuy, "Ih, urang mah geus nepi ti
jam 6.25 keneh".Heheh*
>
> Eh, aya Kang Opick keur nyanyi Tombo Ati! Disampeurkeun weh rada
jauh ti panggung da geus kapiheulaan ku jalema rea. Meuni reueus
ningali bule nyanyi lagu,"Bersyukur..kepada*Alloh*".
> Diumumkeun saha-saha wae nu mareunang lomba kaasup urang deuengeun
(ekspatriat) aya nu ti Amrik, Inggris, Korea jrrd.
>
> Keur resep2 ningali acara, aya santri awewe tiluan marake seragam
mawa karung runtah. Subhanallah! Dipulungan hiji-hiji make leungeun,
atuh kuring mah ngarasa era teuing nu sejen mah da hare-hare*nya
dibantuan nu aya disakuriling kuring mah*meuni karayungyun eta
santri, jeung arimut bari mulungan runtah. Tapi da dikumahakeun deui
ngarana ge "Pesta Rahayat" pasti moal inget-inget acan nu
ngarangana runtah!
>
> Acara ngabagikeun hadiah dimimitian ti sepedah, kulkas & motor.
Diselang-seling ku Padi, dibewarakeun deui bagi-bagi hadiah*nu teu
eweuh jalemana diganti kunu sejen, nyokot deui nomor tina
kardus*didedengekeun,lain deui *. lain deui*Tungtungna nepi ka
acara "Hadiah Panto"* Ceria geus aya nu meunang*Tah, ayeuna Xenia*Aa
Gym macakeun ngarana*Roooo*(aduh, kuring meureun nyaaa*.???!!!)
Rohiimmmm*.
>
>
> cr
> ngalaporkeun langsung ti Bandung
>
>
>
>
>
> >>> [EMAIL PROTECTED] 05/20/06 11:26AM >>>
>
> Untung ngimpi si cepotna teu sareng luna maya nya. Sigana moal
ngimpi soal runtah, tapi gelut.....hehehe
> Kaleresan dinten ieu aya acara Gema Nusa di Tegalega. Jalan nu
sadidinten kalangkungan pami abdi damel. Sihoreng presiden SBY nu
janten pambuka acarana. Ngadadak sakitar jalan anu dilangkungan ku
SBY teh, runtah ngalaleungit.....heuheuheu. Saminggu we SBY aya di
bandung, lumayan panginten runtah dimana2 bakal seep. Mung rugel we
ketang, salami saminggu telat ka kantor wae :D
>
>
> Neng Iva
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

