Maca soal runtah di Bandung, sim kuring posting di Kisunda.   Postingna mah soal "Hari Bumi Internasional di Bandung"

Aya saparagrap soal runtah., anu kus sim kuring diserat nganggo aksara nu kandel.

Bilih wae aya anu bade  jadi "tengkulak cabe beureum" di Bandung,  lahanna nya pakarangan/kebon dipengekreun bumi.  Modalna,  bibit cabe haratis terang upami tos jadi mung  kari digaleuhan we. Ngirit modal lahan, ngirit pagawe. Modalna, nya bibitcabe tea, jeung sapatu da kudu kaluar asup RT/RW.  Atawa, nya Ketua RW/RT dijadikeun business partner. Keun wae si Katua anu ngumpulkeun cabena,  anjeun nguriling mayaran penduduk sisitim kupon tea.  Apan cenah urang ngawangun lemah cai.

Aya anu bade ngamimitian ?  Lamun teu kapiheulaan ku baraya di milis ieu, engke sim kuring wangsul rek digarap.

Abah Joe-

 

HARI BUMI INTERNASIONAL DI BANDUNG
   Rangkaian kegiatan

    long march
   Start à Taman Ganesa – Jl. Dago – Cikapayang – Jl. Diponogoro
   Finish à Monumen Perjuangan
  Selama long march, aksi juga akan diisi dengan berbagai kegiatan
performing art serta aksi-aksi lainnya.

    Aksi Statis

Aksi statis berupa penyebaran media-media kampanye berisi
informasi seputaran lingkungan hidup.  Ini sebagai salah satu bentuk
ajakan kepada masyarakat dalam penyadaran terhadap lingkungan
sekitarnya.
===============
Aden Andy,

Aduh geuning mani rame atuh. "kegiatan performing arts serta aksi-
aksi lain"
Kabayang wae eta long-march teh matak macet lalu-lintas. Jadi
kapaksa tah eta mobil, angkot, motor, truk areureun. Disangkana teu
lami, nungguan rengse long-march, mesinna teu paehan.
Naha bet kieu, cenah aranjeun teh rek usaha neangan jalan
sangkan "Global warming" turun. Tapi ku nyababkeun lalu-lintas
macet, malah sabalikna. Nya nambahan kana, polusi di kota, tangtuna
ge engkena jadi matak "Global warming" lain turun malah manasan.

Jeung deui, long- march, matak pikacapeeun. Jeung selebaran pamflet
oge pan ongkosna teu saeutik.

Kuma mun kieu:
1. Ongkos nyetak jeung ongkos ngayakeun performing arts dipake
jang "briefing" para sukarelawan naon hartina "Global Warming". Mun
bisa mah ku basa Sunda. Jeung sagala akibatna mun urang teu usaha
nanaon.
2. Diajar melak, "tanaman nu hejo-hejo " dina pot.
3. Diajar "tanaman hias "  nu gampang  diurus jeung matak jadi imah
alus ku ayana "tanaman hias" eta.

Long-march, tibatan matak lalu-lintas macet, kumaha mun long-march
ieu diganti ku para sukarelawan kaluar asup sakabeh RW/RT sakota
BAndung heula we. Tah didinya ngobrol jeung rakyat, ngadongeng
soal "Global warming", ceuk sim kuring diluhur, alusna make basa
Sunda.

Boa aya komentar ti penduduk:" Nya saena kedah kumaha sum kuring,
supados tiasa ngabantu". Tah kudu boga jawaban anu praktis, gampang,
jeung teu perlu ongkos. Naon nya ?

Kieu jawabanna:
Ibu/Bapak aya lahan dipengkereun bumi ?
Upami aya, cobi melak..cengek,saledri, bawang daun, cikur, koneng,
laja. Tiasa dina lahan eta atanapi nganggo pot. Upami lahanna
heureut, saena mah nganggo pot teras ngadamel kanggo nyimpen pot
tea. Upami tiasa mah jiga taraje nu paranti nincakna panjang. Pot-
pot teh dijengjrengkeun kagigir sareng ka luhur.

Saena mah lahan mah dianggo ngubur runtah, mung runtahna kedah
dipilihan heula. Botol, kaleng, plastic,keretas dipisahkeun. Anu
dikubur nya sesa-sesa katuangan atanapi kulitna bangsa bubuahan.
Tah engke eta botol,plastic, kaleng sareng keretas upami tos
dikumpulkeun, engke ti Organisasi sim kuring aya nu ngunpulkeun.
Engke Ibu/Bapa dipasihan "coupon", nya tandana Ibu/Bapa ngiring
ngabantu usaha Orgasisasi sim kuring. Nya bade iraha wae, candak eta
kupon ka kantor Organisasi, tiasa digentoskeun kana barang-barang.
Mung barangna sanes barang anyar, tos dianggo tapi sae keneh.
(Kampanye ngumpulkeun, baju,parabot dapur, mainan anak-anak semuanya
bekas. Unggal gedong komo nu aya BMW diparkir, diketokan nyuhunkeun
sumbangan.)


Tah ieu aya bibit tanaman hias. Mung kedah ngadamel pot anu tisa
digantung, saena mah nya dipayun di teras kituh. Tah tanaman hias
anu ieu kieu ngurusna, anu ieu mah kieu, dsst.

Saena mah eta pager teh nganggo pager tanaman. Tah ieu aya binih (
atawa potongan tangkalna), dicecebkeun. Ulah hilap luhurna di papas
diratakeun, jadi katingalina sae. Pucukna anu ngora tiasa dtuang (
mun pager teh baluntas) dicowelkeun kana sambel tuang sareng sangu
haneut. Raos da. Nya ditambih ku pepelakan di pengkereun bumi,
bonteng kitu.

===================
Buktikeun heula, kakara ngayakeun rame-rame. Mun sakabeh RW/RT sa
Bandung, unggal imah aya tanaman-hias diterasna, dipengker dipelakan
kaperluan dapur. Aya liang jang mngubur runtah. Runtah bisa jadi
ngurangan.
Sok ti ayeuna digarap, engke mun si Abah Joe wangsul, ningali kota
Bandung aya ku beresih, euweuh runtah. Unggal imah katingali alus ko
tanaman-hias. Jeung teu panas geuning di Bandung teh!

Sok atuh organisasi Mahasiswa di Bandung ngahiji, tibatan mlonco
matak cilaka jiga di Jatinangor. Ieu mah pasti moal aya korban.
Ulah hilap unggal mahasiswa nu kaluar asup RW/RT, dikudukeun mawa
buku leutik jang nyatet. Eta buku kudu pariksa ku senior-na.
Kudu dicatetan RW/RT jeung alamatna,umurna, masih keneh single, ulah
poho namina, mun manggih nu geulis atawa nu kasep. Tah para Seniors,
api-api ngaabsen,naha aya mahasiswa anyar kamari  sumping ka bumi.
Kumaha nyariosna sopan, dst leuwih rea pertanyaan pan leuwih lila di
bumina si eulis atawa Si Ujang Kasep. Piraku sugan teu disuguhan,
cai enteh ge cekaplah. Nginumna disuruput, nya !

Abah Joe.









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke