hayang lekoh mah kudu make cipati kentel.. geura coba kieu:
  1. siksik daun tangkil. lamun kabeneran aya buahna teu kudu dipiceun, komo uceng na mah pelem.
  2. potong dadu oncom (leuwih hade oncom gebleg, komo nu ti pasir reungit mah. ulah soteh oncom bandung :D)
  3. potong dadu tempe.. kahade salah nyebut, komo nyanghareupan UJ mah bahaya.
  4. potong dadu (deui-deui dadu, jigana mah nu nimu ieu sayur tukang sintir euy) waluh sieum. tong waluh nu lain da lain halowin.
  5. pesekan suuk
geus anggeus antepkeun heula. cara nyieun.
  1. rendos, cabe beureum jeung uyah (ngarah teu leueur) geus lembut, asupkeun bawang bodas, jeung muncang. rendos sing lembut (deui)
  2. parud kalapa, geus beres peres ala cipatina. nu pangheulana pisahkeun, jieun sina kentel. nu kadua jst. mah sok we sing nepi ka cangkeul meureusna.
  3. hurungkeun kompor, leuwih afdol mah dina hawu. tagogkeun katel. cur minyak keletik (kana katel). tungguan nepi ka panas. tumis bumbu nu geus lembut tea. nepi ka seungit, asupkeun laja jeung jahe. geus kitu banyur ku cipati peresan kadua jst. tungguan nepi ngagolak. trus asupkeun suuk jeung sagala rupa nu dadu sarta buah tangkil jeung ucengna. tambah uyah gulana. asan mun kurang tambahan nepi ka pas.tungguan nepi ka asak. geus asak asupkeun cipati kentelna tungguan ngagolak. geus ngagolak terus asupkeun daun tangkil. teu kudu lila-lila asal geus layu, pasti asak!
  4. sayur lodeh (meureun) asak. paling pelem mun dibaturan ku lauk asin sepat meunang ngagoreng. jeung sambel goreng tarasi. jeung kurupuk. komo lamun sayur lodehna meunang ngisukeun trus dihaneutkeun
halah ngacaprak... kade ah resep diluhur kudu dititenan disaliksik heula. jalaran nu nyieunna tara masak. teu bisaeun masak.
 
dh
On 5/22/06, Peuyeum <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Pamanggih kuring, kang dudi....asa cawerang henteu
lekoh deui angeunna eh kadengena!:-)
Hade oge make "keun" leuwih ginding tur nyieun "hiji
ciri nu mandiri" ceuk iklan kecap asli sari di
radio-radio bandung baheula mah...eh "boga sari nu
mandiri" ketang....hehe


Duka upami ceuk ahli basa mah?


baktos,
P





--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke