sumuhun pisan sok atuh geura nyarandak jimat sateuacan di sapukeun ku kang gubenur......arisinteu ngademo teh ulah anu berbau politik wae atuh sok geura daremo teh nu bau sampah atuh..........kunaon bandung teh jadi bau sampah

denysuwarja2k <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jimat ayeuna mah numpuk tuh wa di Bandung, runtah tea...
Apanan di urang teh ayeuna mah tos sagala janten runtah.
Tingal we birokraasi diurang meni tos bau runtah.
Janten ulah nyalahkeun teuin Bandung anu kapungkur disebat Paris van
Java anu ayeuna disebat Varis van Sampah!
Saleresna mah,urang Bandung teh nyindiran ka bangsa Indonesia yen
sikap sareng perilaku urang teh tos siga runtah!
Tah saena mah "runtah" di Bandung teh kumaha upami dijantenkeun
"jimat" tea nya wa?

Deny
--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Para wargi sadayana, lembur sim kuring aya dihandapeun (kaki) Gunung
> Tampomas. Nami Tampomas cukup beken di Indonesia mah, tapi sanes
beken ku
> gunungna.........tapi ku titeuleumna Kapal Tampomas II di perairan
Masalembo
> di awal tahun dalapan puluhan, salah sahiji musibah kapal laut
pangageungna
> di abab 20 nyaingan musibah Kapal Titanic.
>
> Ieu riwayat gunung Tampomas. Kapungkur cenah gunung teh bade bitu (duka
> jaman iraha), urang Sumedang nu aya subudeureunana parantos panik.
Kangjeng
> Dalem kacida bingungna. Tapi hiji peuting anjeunna ngimpen, supados
gunung
> teh heunteu jadi bituna, kedah dicocog (ditusuk) ku keris tina emas.
Atuh
> lajeung anjeunna teh nyandak keris emas ka puncak Gunung (teu
dicarioskeun
> kumaha-kumaha na mah, da rada sesah atuh ka puncak gunung nu nuju
bade bitu
> mah) teras ditusukeun. Ti harita kawah Gunung langsung liren " teu
aktif".
> Gunung teh akhirna disebat gunung tampa emas (tampa = nami /
narima), anu
> janten robih jadi Tampomas.
>
> Tah para wargi, jaman kapungkur mah........gampil nya? cukup ku "jimat",
> gunung rek bitu ge jadi teu tulus. Tapi ulah nyeungseurikeun heula
ka jaman
> baheula, da ayeuna oge seueur "jimat" teh, malah langkung seueur.
Geura ieu
> : "Pancasila Sakti", "Azimat Pancasila", "manipol Usdek", "UUD  45",
> "Nasakom".....dst sadayana ge "jimat" Orla jeung Orba, sadayana ge
dianggap
> sakti, tiasa ngubaran sagala masalah. Eh.........ari ayeuna
"jimat"na naon
> nya?
>
> -WALUYA-
>






YAHOO! GROUPS LINKS






Be a chatter box. Enjoy free PC-to-PC calls with Yahoo! Messenger with Voice.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke