Wilujeng enjing...

 

Wengi aya pun paman nu ti Cimahi nepangan pun biang, hoyong ngobrol saurna…nya ngarariung weh di tepas. Saur pun paman teh ka pun biang,”Lain, ari Eteh kamari panggih teu jeung Kang Kuwu di Wado..?”

 

Aya conto hiji deui dina seratan Kang Syam nu judulna MIMPI, Kang Syam teh ngamimitian ngobrol sareng si Cepot ge ku kecap “lain”….

 

sr <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Abong ngimpi tara pulah pilih heula, geus gereget hayang ngimpi jeung luna maya, eh malah ngimpi  jeung si cepot. Kieu geura dongengna, dina rasa teh, si cepot milu keuheul, era pacampur jeung sedih basa aya beja yen bandung kiwari jadi lautan runtah. Tuh nya si cepot wae ngilu prihatin, padahal pan  geus pada nyaho yen si cepot teh urang tumaritis, jauh mela melu ti bandung. Sabalikna nu dumuk sapopoe di bandung loba nu masa bodo. Ah dasar ngimpi. Saterusna der we kuring ngobrol jeung si cepot mani uplek pisan.

 

"Lain euy pot, ari di tumaritis kungsi krisis runtah kawas di bandung kiwari?" ceuk kuring

"Puguh we, malah di tumaritis mah leuwih parna ti bandung euy, ceuk paribasa, bru dijuru, bro dipanto, ngalayah ditengah imah, lain bobohongan pinuh ku runtah, teu dicaturkeun ari dina bakna mah da nepi ka mudal teu kaurus!"

 

Manawi Kang Syam atanapi baraya sanes aya nu terang kunaon obrolan teh sok dimimitian ku kecap “lain”..? Kumargi abdi sareng pun adi sok silih pelong hoyong gumujeng pami ngadangu kecap eta teh…naha ujug-ujug “lain” ?

 

Hatur nuhun,

Ro2.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke