waktos sakola diditu didamelm paruh waktos teh tiasa
kengeng gaih $ 16/jam gross atanaos $ 14/jam net.
Lumayanlah bari sakola tiasa kengeng uang saku $ 1000
dolaran ( Rp 5.8 juta an). naha..ari parantos selesai
S-2, didamel di opabrik di Tangerang ngan nampi Rp 1.8
juta tambih uang makan Rp 4000/hari. Kinten2 ngan
A$300/bulan keur S-2 luar nagreg teh. Kunaon
kitu..meureun sistim ekonomi anu ngadukung teh..
Padamelan seueur...nu ngagajih teu aya....
--- indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Wa'alaikumsalam Wr.Wb.
>
> Haturan kang Nata.....
>
> Tuh geuning dongeng teh panjang, sae kang..!
> kanggo pieunteungeun di urang. Geuning curaling,
> nyogok, koropsi teh diditu mah teu lakunya. Eta
> nagara teh tos sabaraha warsih merdekana..? sugan
> kapayun urang ge tiasa kitu, sapertos nagara
> adikuasa Amerika tiasa majeng teh saparantos 150
> tahun merdeka.
>
> Janten Indonesia oge peryogi 100 taun deui tiasa
> majeng, koropsi ical , curaling jeung tukang maling
> laleungit da pamarentah anu ayeuna + 99 tahun anu
> bade dongkap tos parupus, janten tos digentos ku
> jaman reformasi anu teu sudi tukang koropsi, kitu ge
> sugan, sumuhun sugan manusia indonesia hoyong robih.
>
>
> Nya ngawilujengkeun ka kang Nata, tiasa ma'mur
> tiasa liburan anu nyugemakeun, si teteh mah tiasa
> jalan-jalan alias liburan teh kedah nabung heula,
> boa dugi ka purna tugas moal dugi, da kaango deui
> kanggo deui...he he
>
> Nuhun ah kang..! dongengna matak pikabingaheun.
> Iraha atuh bade ka lembur deui...? sugan
> diparengkeun urang paamprok. Aya deui patarosan teh,
> di nagara bagian mana kang Nata nganjreuk...?
>
> Baktos
> ipeut
>
>
> S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalamu'alaikum wr wb.
>
> Eta si teteh meni keukeuh kana dongeng kang
> Nata, sanes alim ngadongeng teteh, asa teu terang
> timana ngawitan nana, janten kulantaran teu aya
> dina emutan dongeng na, asa sesah bade nulis teh
> naon anu kedah di tulis, hehehehe.
> Tah....upami di taros mah Insya Allah anu kang
> Nata terang mah tiasa di serat di dieu:
> akang damel di perusahaan plastik ( Injection
> moulding ) ngadamelan rupi2 barang ageung sareng
> alit tina bahan plastik, sapertos piring plastik,
> tutup botol , dst.
> upami masalah aku katerang kang Nata di nagara
> kanguru mah rupina ku minim na anu korupsi sareng
> sistim sogok, bakat ku sakedik sareng jarang na anu
> kararitu
> tiasa di sebat teu aya weh, janten peraturan
> pemerintah anu teu tiasa di gentosan ku artos ieu
> aya efec ka unggal jalmi kanggo teu ngalakonan
> curang, janten upami
> aya jalmi anu korupsi teh osok kapendak wae da teu
> aya batur anu mantuan nutupan kalakuan nana,atuh ku
> seu-eur na penduduk oge ieu teh salah sawios sebab
> kana korupsi oge, contona kieu, di australia
> penduduk na ayeuna teh mung kirang langkung 20 juta,
> eta teh seluruh benua australia , janten satiap
> jalmi tos terdaftar dina komputer, istilah na mah
> unggal jalmi teh tiasa di lacak dina widang ,
> keberadaan, kegiatan, rekor kahirupan nana, da ku
> sakedik tea, janten daek teu daek unggal jalmi kedah
> patuh kana aturan pamarentah, salah sawios na anu
> kang tiasa mastikeun mah, tisa widang penghasilan
> anu memadai, nyaeta sanaon kang Nata mung janten
> kuli biasa ( sapertos pegawai di pabrik di lembur )
> namung penghasilan cekap, hartosna teu aya istilah
> tanggung bulan margi penghasilan sareng pengeluaran
> teh saimbang da aya peraturan gajih minim ti
> pamarentah tea, buktosna weh kang Nata tiasa liburan
> unggal 2 thn ka lembur anu sakedik na $ 10.000.00
> seep salami 5 minggon di indo teh,
> tah ayeuna upami ku urang di bandingkeun sareng
> pekerja pabrik di indo, asa mustahil tiasa dugi ka
> luar nagri, hapunten sarebu hapunten ka padamel
> pabrik di lembur , sanes kang Nata ngarendahkeun
> pagawe pabrik di indo, da wargi2 kang Nata oge
> seu-eur anu di pabrik, namung ieu mah da kanyataan,
> atuh sakali deui hapunten bilih kang Nata lepat, nu
> mawi jarang nyerat di milis teh bakat ku sieun aya
> anu lepat tanggap kata2 kang Nata.
> Wangsul deui kana perkawis di luhur, rupina ku
> jujur ti luhur na eta janten weh anu di handap oge
> teu sagawayah tiasa curang da buntu jalan na,
> contona
> upami kang Nata ngalakukeun kasalahan di jalan,
> polisi teh teu tiasa di pasihan artos sanajan
> sabaraha oge, janten buntu ka urang na ge kanggo
> curang teh, atuh perkawis gajih oge langsung di
> potong ti perusahaan, janten teu walakayah, sareng
> jalmi anu ngalereskeun gajih pegawai oge teu tiasa
> di sogok, peraturan gajih na oge benten, contona
> upami kang Nata gajih Rp 1.000.000 misalna pajak na
> 30%, tah upami gajihna Rp 2.000.000, pajak na 40%,
> namung upami gajih na di bawah
> Rp 500.000, ieu bebas pajak, sareng kanggo anu teu
> gaduh penghasilan pisan ( nganggur ) aya tunjangan
> ti pamarentah kinten2 Rp 400.000, janten upami di
> kalkulasikeun anu di luhur eta teu menonjol teuing
> antawis anu beunghar sareng anu miskin teh, kantun
> kumaha urang na ngokolakeun eta panghasilan teh.
> Alakadalahhhhhhh..........gening kang Nata
> tiasa nya nyerat panjang lebar sanaos pabaliut
> oge....hihihihi...punten ah ka sadayana hususna ka
> teh ipeut, bilih rada
> bingung maos na hehehhe, maklum lah.
> Cag heula ahhh,,,paur kamalinaan teuing
>
> Wassalam
>
> Nata
>
> ----- Original Message -----
> From: indung peuting
> To: [email protected]
> Sent: Monday, May 22, 2006 1:15 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat,.....
> pajeg kang Nata
>
>
> Sumuhun mangga diantos dongengna, mung ulah
> ngantosan ngariung paadu soca....he he, ayeuna wae
> atuh apan didieu ge nuju ngariung baraya ti saalam
> dunya, panginten kaaos ku sadaya. Kitu tah..!.
>
> Mangga urang dikawitan, akang damel di widang
> naon...? sok ngawitan tidinya, diteraskeun ku bisa
> pamarentah satempat ngagunakan jurus ampuh supaya
> masayarakat malayar pajeg, naha diurang mah mani
> susah sina mayar pajeg teh. Pajeng teh apan salah
> sahiji pendapatan daerah, cing diditu anu balenghar
> mayar pajegna kumaha..? tuh los kana pajeg kang...!
> he he, mangga teraskeun ku Kang Nata.
>
> ipeut
> (sanes alim mayar pajeg, mung lieur ku
> aturanana...he he )
>
> S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> sumuhun teteh......sareng upami perkawis
> pangalaman mah..hemmmmm...naon nya....hehehe sesah
> atuda ngadongeng na, maksad teh duka timana bade di
> ngawitan nana, engke weh lah upami urang sadayana
> tiasa riung mungpulung sareng anu sanes na, Insya
> Allah akang tiasa ngadongen , kitu oge upami aya
> dongengkeuneun nana...hehehe, tapi Insya Allah upami
> aya mah ku akang di kotretkeun dina milis.
>
> Wassalam
> Nata
> ----- Original Message -----
> From: indung peuting
> To: [email protected]
> Sent: Sunday, May 21, 2006 5:39 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat
>
>
> Wa'alaikumsalam Wr.Wb.
>
> Uluh geuning tebih kang Nata teh...!, nuju naon
> atuh didinya naha nuju sakola..? tapi piraku sakola,
> damel rupina di atase kebudayaan.....ieu mah
> karangan si teteh...he he.
> Sok atuh carioskeun pangalaman nana diditu, sugan
> aya pulunganneun keur urang . Ayeuna tabuh sabaraha
> diditu..? sareng ulah sok noongan wae atuh kang...!
> bilih turuwiseun.....he he, mangga diantos
> postingannana.
>
> Wassalam
>
> ipeut
>
> S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalamu'alaikum w wb
>
> Teh ipeut, hilap panginten nya dimana-dimana na
> akang.....atanapi sapedah akang jarang masihan
> komentar ka milis,hehe.. sapedah weh asa ararisin
> ku basa anu minim pisan ari dina perkawis gaul teh,
> janten salami ieu Kang Nata mah seseringna mung
> resep weh macaan saderek2 sadayana anu anteng silih
> tembal, malihan mah upami aya pertemuan mah meni
> sedih ku teu tiasa ngiringan danget2 ieu mah,
> muda2an weh kapayun mah Insya Allah manawi di
> parengkeun ku Allah swt akang tiasa riung mungpulung
> sareng balarea sadayana sakantenan silaturrahmi,
> amiin, kanggo pangemut ka balarea mah, akang
> mepangkeun diri deui weh sakantenan ka sadayana
> wargi2 di Kusnet ieu bilih aya nu teu acan kenal:
>
> Nami : Subur. M. Natapradja ( panggilan Nata )
> Padumukan : Sydney -Australia
>
> Sakitu heula info ti akang bilih aya anu kirang
> mah hapunten pisan.
>
=== message truncated ===
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

