Pamendak abdi, kumaha pami kieu :
Pami tiasa mah tong sok ngandelkeun tanaga batur ....
Tong boro ngangkat tukang mulung janten padamel Pemda, nu aya ge
pahibut wae teu diangkat-angkat sareng kedah ngaluarkeun deui biaya kanggo
ngagajihna. Mending keneh dipidamel sewang-sewangan ku unggal bumi dikomandoan
ku Ketua RT. Unggal bumi ngayakeun wadah runtah nu dicet benten kelir,
sapertos nu katingali disisi jalan aya wadah runtah organik & an organik
warna koneng sareng bulao, teu langkung ketang kelirnamah bade loreng oge
sae...heheh. Ku petugas kebersihan kantun diangkut ku mobil nu tos dibagi dua
oge...salajengna mangga nyanggakeun ka PD Kebersihan, da tos puguh etamah
digajih.
ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 05/30/06
09:43AM >>>
Gampil ah, asal kersa bae, ... tukang mulung dikumpulkeun dibagi tugas
nurutkeun daerah sina misahkeun runtah jadi sakurang-kurangna dua kumpulan
runtah. 1. Runtah baseuh, (gampil buruk); 2. Runtah garing
sapertos: kertas, plastik, logam / kaleng, botol. Jadi tukang mulung teh
diangkat jadi padamel Pemda, lumayan ngurangan pangangguran. Tugas
padamel kebersiahan anu asalna pemulung tadi ngumpulkeun runtah ti bumi2
warga, disortir sapertos tadi, di TPS. Di dinya Pemda nyayogikeun 2 wadah
ageung: kanggo runtah baseuh sareng runtah garing. Tina runtah garing, padamel
tadi tiasa nambihan pendapatan kucara ngical ka pabrik daur ulang. Cara ieu
sederhana sareng nyiptakeun padamelan kanggo mana-mana pihak. Runtah baseuh
tiasa diolah bahan gemuk,kompos, atanapi anu sanesna. Ieu janten tugas PD
Kebersihan. Runtah garing jadi sumber bahan baku usaha daur ulang,
jadi anu nyandakna tukang rongsokan perusahaan daur ulang.
Beres tah, nyiptakeun lowongan damel. ??? Mangga
cobian!
Diana Pramanik
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nepangkeun..wasta
abdi Diana..nenehna mah Dian atanapi Diana oge
sami wae. Tos sababaraha
dinten gabung ka milist tapi bade ngiring
urun rembuk teh...asa
parameng..da geuning..sesah..nyerat ku basa
sunda teh. Sim abdi
maksakeun weh..da hoyong..silaturahmi ka
sadayana.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS