wios da neng ro2 mah seueur waktos, bari kersa mayar teh kersa misahkeun runtah kuanjeun, hebat lah. Jaman kiwari urang nuju malih atos aya dina jaman sagala propesional, sagala rupi aya tukangna, emut yeuh palsafah " naon wae padamelan upami dipidamel sanes kuahlina antosan bae kehancuaran/kagagalan". Salah sawios ayat Al-Qur'an, manawi???

Endang Tatan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
deuh.. enjing enjing keneh neng roro tos janten tukang tong sampah ????
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of Roro Rohmah
Sent: Tuesday, May 30, 2006 10:13 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Wilujeung Weungi ...sareng ...Nepangkeun!!

Pamendak abdi, kumaha pami kieu :
Pami tiasa mah tong sok ngandelkeun tanaga batur ....
Tong boro ngangkat tukang mulung janten padamel Pemda, nu aya ge pahibut wae teu diangkat-angkat sareng kedah ngaluarkeun deui biaya kanggo ngagajihna. Mending keneh dipidamel sewang-sewangan ku unggal bumi dikomandoan ku Ketua RT. Unggal bumi ngayakeun wadah runtah nu dicet benten kelir, sapertos nu katingali disisi jalan aya wadah runtah organik & an organik warna koneng sareng bulao, teu langkung ketang kelirnamah bade loreng oge sae...heheh. Ku petugas kebersihan kantun diangkut ku mobil nu tos dibagi dua oge...salajengna mangga nyanggakeun ka PD Kebersihan, da tos puguh etamah digajih.
 
ro2


>>> [EMAIL PROTECTED] 05/30/06 09:43AM >>>
Gampil ah, asal kersa bae, ... tukang mulung dikumpulkeun dibagi tugas nurutkeun daerah sina misahkeun runtah jadi sakurang-kurangna dua kumpulan runtah. 1. Runtah baseuh, (gampil buruk); 2. Runtah garing sapertos: kertas, plastik, logam / kaleng, botol. Jadi tukang mulung teh diangkat jadi padamel Pemda, lumayan ngurangan pangangguran. Tugas padamel kebersiahan anu asalna pemulung tadi ngumpulkeun runtah ti bumi2 warga, disortir sapertos tadi, di TPS. Di dinya Pemda nyayogikeun 2 wadah ageung: kanggo runtah baseuh sareng runtah garing. Tina runtah garing, padamel tadi tiasa nambihan pendapatan kucara ngical ka pabrik daur ulang. Cara ieu sederhana sareng nyiptakeun padamelan kanggo mana-mana pihak. Runtah baseuh tiasa diolah bahan gemuk,kompos, atanapi anu sanesna. Ieu janten tugas PD Kebersihan. Runtah garing jadi sumber bahan baku usaha daur ulang, jadi anu nyandakna tukang rongsokan perusahaan daur ulang.
Beres tah, nyiptakeun lowongan damel. ???  Mangga cobian! 

Diana Pramanik <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nepangkeun..wasta abdi Diana..nenehna mah Dian atanapi Diana oge
sami wae. Tos sababaraha dinten gabung ka milist tapi bade ngiring
urun rembuk teh...asa parameng..da geuning..sesah..nyerat ku basa
sunda teh. Sim abdi maksakeun weh..da hoyong..silaturahmi ka
sadayana.




New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC and save big.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke