oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upama aya karancagean sadayana, satemena rumus mayar runtah teh tiasa dirarancang siga kieu:BL = W - cR.BL = Bayar listrik (Rupiah)W = daya listrik kapake sakumaha anu kacatet dina meteran (watt)
R = biaya mayar runtah sabanding volume runtah ti hiji imah jero sabulan (Rp)c = rasio kamapuh misahkeun runtah organik tina runtah anorganik di eta imahc = 1 angka maksimum : lamun eta imah teu mampuh/bisaeun misahkeun runtahorganik vs anorganiktambah mampuh hiji imah misahkeun runtah organik tina runtah an organik, angkasatukangeun koma dina c beuki ngaleutikanKumaha sangkan ieu rumus kaudag? kudu aya gawe bareng antara dinas kebersihan (pd kebersihan) jeung PLN. Kumaha sangkan gawe bareng teh kahontal? nya pimpinan pamarentah kota atawa daerah anu kudu ngahucuhkeun.Kumaha usaha pikeun rumah tangga bisa ngahontal c anu leutik kacida? atawa sangkan runtah organik geus misah tina runtah an organik ti mimiti di tiap imah keneh? Nya di dieu perluna pancen pamarentah jeung satiap komponen masyarakat (lsm2 jst) pikeun ngayakaeun pendidikan lingkungan.Upama runtah geus misah ti mimiti di unggal rumah tangga keneh nya mokaha, cita-cita nyieun gemuk anu nya alus nya murah keur ngaornjatkeun tatanen, patani jeung lingkungan tatanen teh leuwih gampang ngahontalna.Kang Dede Mariana, leres....anu penting diheulakeun teh pendidikan tea. Ngan, kumaha nya sangkan anu "kawasa" engeuh kana hal ieu?baktos,manAR
On 5/29/06, Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Rumus Daya listrik ( Watt )W = V x INyaeta :W = Daya listrik (Watt)V = Voltase (Volt)I = Arus listrik (Ampere)Rumus mayar runtah di BandungW = V ( I + R )Nyeata :W = Daya listrik (Watt)V = Voltase (Volt)I = Arus listrik (Ampere)R = RuntahKulantaran gedena Daya listrik gumantung kana Arus listrik anu ngaliwat, jadi ( I + R ) R = Runtah.Jang EmodKumaha yeuh pemkot bandung?Di bandung mah iuran sampah teh dua kali ditarik.1. Ditarik di tiap RT2. Ditarik bareng mayar rekening listrik, anu leutik/gedena kumaha daya terpasang, jeung sigana mah ngan bandung hungkul nu kieu teh.Runtah mah tetep teu kaurus, alesanna mah bandung teh kota rame nu loba pendudukna, enya sih, tapi kan nu kitu teh lain bandung bae!Enya sih masalah runtah adalah tanggung jawab balarea, tapi masyarakat mah kalah kumaha oge kumaha kebijakan nu ngurusna.Pandanganna ngurus runtah mah sigana teh gengsi jeung rarujit, teu matak jadi duit.KUMAHA REK BENER NGURUS JELEMA, NGURUS RUNTAH WAE TEU BECUS.Leres, perkawis ngolah runtah parantos didugikeun ka Pemkot, oge saur Kang Oman mah kantos ka BPLHD Jabar. Runtah diolah janten pupuk organik. Janten teu kedah TPA anu ageung, da eta mah saukur miceun wungkul. Iraha wae oge ari ukur miceun wungkul mah angger kedah milarian lahan. Lami-lami seep atuh lahan sa Pulau Jawa.Proposal ngolah runtah parantos aya ti Kang Oman nu parantos dicobi ku Bah Idrus (Subang) parantos janten pupuk sareng tos aya hasilna. Mung nya kitu tea gening Pemkot hare-hare.Insya Allah bade dicobi di Bapeda ngabahas proposal eta. Sugan atuh janten eling, hehehe.....Bari Pemkot milarian TPA, oge kedah dibantuan ku ngolah di TPS.Salaku warga Kota Bandung mah, keur kuring mah nya salian ngolah runtah di imah, oge kampanye ka rerencangan nu caket supaya ngolah runtah di imah masing-masing. Misahkeun runtah organik jeung an-organik. Lumayan, teu riweuh teuing.Baktos,Watekna rahayat mah kumaha cek nu di "luhur". Komo
deui di masyarakat anu masih kentel "paternalis"na.
"kawajiban" pamarentah ngurus kabutuhan wargana jeung
ngayakeun kampanye sadar lingkungan. Biasana mun ti
"luhur" aya tekad, rahayat oge pasti daekeun
'berpartisipasi'. Nu matak didieu pentingna milih
pamingpin anu "berkualitas", heunteu "asal-asalan'.
baktos,
mrachmarawyani
--- Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> ari rakyat bandungna geus sadar runtah kitu? sadar
> yen runtah teh
> sareukseuk, bau? aduh punten yeuh si kuring lain
> birokrat, tapi asana teh ti
> kamari nu disalahkeun ukur pamarentah. ari rahayat
> bandung hususna, geus
> ngalakukeun naon pikeun ieu masalah runtah? ukur
> ngademo lamun deukeut
> lemburna rek dibangun tpa? kamari mj pernah ngaguar
> yen cenah pihak kampus
> pernah mere solusi terus dihare-harekeun ku
> pamarentah. solusi nu kumaha?
> sok ah guar urang bandung.
> punten
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Blab-away for as little as 1¢/min. Make PC-to-Phone Calls using Yahoo! Messenger with Voice.
Blab-away for as little as 1¢/min. Make PC-to-Phone Calls using Yahoo! Messenger with Voice.
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Be a chatter box. Enjoy free PC-to-PC calls with Yahoo! Messenger with Voice.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
- Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Re: Bandung harusnya mendapa... Tatang Sariman
Kirim email ke

