Kedah dibentenkeun perkawis akhlak sareng kapinteran,
ari korupsi mah sanes jalmi pinter atawa masyarakat-na bodo
Urang kedah atos-atos …………
Hayu urang barantas korupsiiiiiiiiiii
Gampang-lah minimal ulah sugak-sogok, jigana
ieu mah bisa dilakukeun ku saha wae asal aya niat…………………….
Inohong ulah ngagelembungkeun duit proyek(mark
up), ieu ge gampang keur inohong mah asal aya niat………………
Anu susah mah ngalawan kahayang hate”nafsu”
kekedemes hayang ngeunah sorangan kajeun batur kabalangsak, asal sorangan jeung
kaluarga nyendol kajeun masarakat benjol
punten
-----Original Message-----
From: [email protected]
[mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf
Of ana kristiana
Sent: Tuesday, May 30, 2006 3:02
AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Ngawangun
Lemah Cai - Re: Urang rebut "Science & Teknolgi"
Sinareng Hormat
1. Sakaterang abdi teu sadaya urang Sunda sapertos anu digambarkeun
ku Teh Ana,...seueur oge urang Sunda anu marajeng di skala lokal,
nasional, regional sareng skala Internasional
Alhamdulillah, geuning seueurnya urang sunda anu
palinter teh, geuning di Jawa barat ramijud.
Akang upami rakyatna pinter, bakal pinter milih
pimpinan, kitu tah, naha teu katinggal kitu pimpinan di Jawabarat, ti DPRD dugi
ka padamel kecamatan korupsi........ tapi rakyatna eueluh caricing wae, di
Padang DPRD anu melakukan korupsi anu sami sareng DPRD di jawabbarat dihukumk
berat, kitu oge bupatina ...tapi di Jawabarat ? kalahkan garuwujeng we.
2. Kanggo Abah Joe,....sakaterang abdi program pesawat terbang N250
di IPTN tos aya hasilna,..maksad abdi pesawat prototype na tos tiasa
terbang janten punten,...
Akang, Pesawat prototype tos sapuluh tahun
heunteum lulus laik terbang, etamah kedah dilebetkeun ka musium, margi
"batal demi hukum" diajukeun deui oge, margi aturan perancangana atos
diperbaharui dsb.
Tah IPTN teh hiji buktos kegagalan alih teknologi,
sabaraha triliun artos orang luar Jawa dianggo IPTN, artos orang kalimantan
(ngababat leuweung/reboisasi) sareng artos guru dikamankeun tah, saha anu
tanggel walerna ?
Bade nyalahkeun IMF ? teu maci akang, matak kitu oge
urangna no bodo katotoloyoh.
3. Teh Ana,...Abah Joe sinareng sadaya baraya Kusnet
Dina danget ieu aya sekitar 200 insinyur ahli alumni IPTN anu
kapaksa kedah asruk asrukan dilembur batur,.
Kapaksa asruk-asrukan kusabab di Indonesiana teu payu
deui, pan pangusaha China oge lalajo. Sabaraha triliun duit rakyat dikocorkeun
ka IPTN, hasilna teu aya, ieu artina euweuh kabecus, atuh pengusaha oge mikir,
maenya kudu narima insinyur model kieu, atuh modal manehna bakal kabur
.......nya wayahna we asruk-asrukan-mah atuh, anggapwe sebagai ganjaran seb uah
kegagalan atawa nyingkahan kaera, daripada diudag-udag guru jeung orang
kalimantan anu leuweungna beak.
4. Mugiya atuh dina mangsa kapayun,...kontribusi (sumbangsih?) urang
sunda di skala nasional tiasa dironjatkeun deui,...naon2 anu tos di
baladah ku Kang Jamal,...teh urang support ku sadayana,...kumargi
masa depan urang sunda kapayun aya dina pendidikan barudak Sunda na
dina danget
ieu.
Sami sami kang, hayu atuih urang ngabangun tatar sunda
ku kemampuan urang sunda.
Jaman kapungkur aya carpon judulna "Sapinterna
Awewe Moal Ngungkulan Lalaki".
Ka para jajaka sunda sareng wanoja sunda, sok
pilarian, teras di aos, regepkeun eusin, supados uninga yen "awewe teh teu
bodo" tapi dijieun bodo.
Yahoo!
Messenger with Voice. PC-to-Phone calls for ridiculously low rates.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|