|
Laleur Hejo
Kuring teh si laleur hejo, najan keur lintuh da
kiwari loba hakaneun, awak mah tetep we sagede kieu, can sagede buta
hejo. Najan sarua aya hejoan tapi lain hartina samarga jeung
kolor hejo, komo disaruakeun jeung kalakuana anu purunyus. Deneng eta basa "miss
trash" keur lunggak lenggok dihareupeun tumpukan runtah, kuring kungsi eunteup
dina gadona, hartina lain kuring culangung komo deui cunihin, tapi saenyana
nek ngawujudkeun niat hade kuring kujalan ngising dilebah gadona. Satadi mah
sugan jeung sugan jadi karang alias tahi lalat, pan meureun jadi nambahan
nyari panampilanana. Ngan hanjakal niat hade eta bolay lantaran geuning si miss
trash teh marake masker, antukna langsung we cingekngek lebah bujalna, da
geus teu kuat nahan tea.
Samemehna, basa kuring keur bumen bumen di tumpukan
runtah di wewengkon bantar gebang, kuring kungsi kaeraan ku laleur hejo
asal jalan cacing. Ceuk kuring teh kieu "Naon sababna dewek jauh jauh ti
bandung, neangan hakaneun kadieu ? Bisi hayang nyaho mah, lantaran diditu euweuh
runtah, dina ayana ge runtah paling kaleng rombeng eta ge langsung digiling
dijadikeun talapok kuda, tah kitu euy!" Bari jeung rada pede ngomong teh asli
make basa karuhun. Laleur sunda tea sok rada balaga ari dipanyabaan mah,
ah nu disebut balaga mah mamalayuan di lembur sorangan, bener teu, Coy!.
Teruskeun kanu tadi, ari pek teh manehna nyelengkeung njajawab kieu.
"Yeuh...nya teu nyaho wadia balad urang nu aya di bantar gebang jumlahna
ngurangan. Nyaho teu keur nyaraba kamana ? Ka barandung deuleu....tah diditu teh
cenah lain nek soping ka fo atawa ngan ukur ngagembrong bala bala haseum,
tapi narempo gembrongeun runtah, anu cenah diditu mah nepika jalan protokol
sagala!" Ngadenge kitu beungeut kuring ngadadak euceuy bakating ku era, najan
euceuy ge tetep we katingali mah hejo."Tong jijieunan euy, maenya lembur dewek
jiga kitu!" cekeng teh satengah teu percaya. "Teu percaya mah jig we tempo ku
sorangan!" jawab laleur hejo nu ngaku blasteran arab jeung batawi.
Atuh teu diengkekeun deui, belecet kuring hiber
nuju pintu tol cibening, kaparengan didinya aya beus nu kabandungkeun keur
ngantri karcis, geleber, teup eunteup palebah bemper tukang. Dius
mumprung ka bandungkeun, sakolepat oge geus nepi. Nepi ka nu dituju kuring
ngan ukur bati gogodeg, enya we, pangeusi lembur anu samemehna saromeah,
ngadadak jaramedud, bari saribuk narutupan irung. Ari keur bangsa laleur mah bau
kawas kieu teh matak pikaheroyeun, lir ibarat irung manusa keur
ngambeu beuleum peda mangsa keur lapar. Paingan atuh wadia balad anu di
bantar gebang kadarieu, da enya geuning runtah di bandung mah beda, bari susap
seuseup teh bisa bari lalajo si miss trash anu keur lunggak lenggok,
bisa nyelang heula lalajo nu demo dihareupeun gedong dpr tur bisa eunteup dina
gado nu herang, pokona mah sik asik asik..nak enak enak.
Sajeroning kitu, najan kaayaan kieu
nguntungkeun pisan pikeun kuring, tapi hate leutik mah asa teu mikeun lamun
lembur kuring anu dipikareueus jadi kawas kieu. Salian ti eta,meureun ku ayana
kuring jeung wadia balad ngagarembrong didieu, bisa jadi malah nambah
rujit beungeut lembur. Kuring rido sanajan jauh kudu ngageleber ka pasir bajing
atawa ka cikolotok ngudag ngudag kahakanan kuring, asal bandung jadi resik. Ngan
edas geuning dipasir bajing ge di usir, di cikolotok oge didemo, atuh
kuring teh lieur kudu ngudag deui kamana. Kahayang mah cik atuh
cing cindek, nek ditempatkeun dimana, atuh nu katempatanana oge sing rido,
tur teu matak ngaganggu ka lingkungan sabudeureunana, kitu deui
meureun kuring oge bisa jongjon baranghakan tur tibra sare, pokona mah
genah, merenah, tumaninah, kasarea. Mun kaayaanana kawas kitu, teu
mustahil kuring bisa leuwih lintuh tur tereh gede,
boa gedena ngaleuwihan buta hejo.**(SR)**
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Laleur Hejo sr
- Re: [Urang Sunda] Laleur Hejo Dudi Herlianto
- Re: [Urang Sunda] Laleur Hejo sr
- Re: [Urang Sunda] Laleur Hejo Dudi Herlianto
- Re: [Urang Sunda] Laleur Hejo dede mariana
- Re: [Urang Sunda] Laleur Hejo Tito Suryana
- Re: [Urang Sunda] Laleur Hejo Ki Adi
- Re: [Urang Sunda] Laleur Hejo sr
- Re: [Urang Sunda] Laleur Hejo indung peuting
- Re: [Urang Sunda] Laleur Hejo jaka

