mudah2an US atawa saha bae urang ieu nagara kahudang sumangetna. US atawa
URI oge ari sistem sareng kondisina hade mah, jaradi jagoan, palinter, teu
eleh ku batur.
----------
ieu seratan Peuyeum nu tos maos novel Epigram. nuhun
Epigram...Teu jauh jeung novel-novel nu ti heula, dina
Epigram oge MJ loba medar jeung ngangkat budaya Sunda,
hiji hal anu ngadak-ngadak narik ati jeung kebek ku
panasaran pikeun kuring, hayang maca! Nya saeutikna
(hehe kaum minimalis)hayang nyaho batesan-batesan
ngenaan ngenalkeun budaya Sunda numutkeun nu
nga"resensi"na.
Unik (baca: PEDIT!) judul...sakecret, dua kecret! Mun
urang ninggali jeung judul-judul novel lain. Tapi
didinya kewesna kecap Unik (baca: UNIK!)nurup cupunna
nu ngagambarkeun leuwih dewasa, idealis nu nulis,
percaya diri jeung nunjukkeun bobotna hade!
Ceuk kuring novel-novel MJ kudu dibaca komo urang
Sunda mah, salain caritana merele tur gampang
ditangkep oge bungkusna aralus..hehe, hade keur
dipajang oge! nu jelas eusina loba pulunganeunana mun
rek mulungan kitu oge ..hehe.
Eces pisan, ku nyieun nu boga lalakonna terah urang
Sunda, MJ ngageuing jeung mere wawanen ka urang yen
urang sunda oge teu eleh dina ngungkulan disagala
widang kahirupan. Mufakat! Sakola luhur, sumanget
gawe, idealis ?, hirup-kumbuh jeung batur. Cindekna MJ
hayang urang Sunda teh leuwih maju. Saratus!. Heureuy?
Tong dicatur eta mah nomor wahid! MJ tea pikiraneun!
Numatak nyengel diteruskeun sura seuri
sorangan..palebah MJ medar pasoalan "jajah-menjajah",
pedah we 2-3 poe saacan maca Epigram, kuring rame
ngadu bako ngeunaan pasoalan nu sarua jeung mantan
aktivist UTT. Sarua Euy!
Nu matak hanjelu.. rada heureut dina medar kajadian 5
Agustus 1989 na padahal hoyong langkung terang...tapi
da lain buku sajarahnya?, keuheul ...dumeh setting
diluarna di Eropa Utara wae (hehe..baheula rek
nuturkeun gawe ka kristunov tapi gagal!)
Mugi-mugi MJ langkung produktif sareng diantos novel
nu sanesna.
Salam kanggo Kristunov sareng Kang Adeng!
baktos,
(Peuyeum)
Nembe diajar maca novel MJ
PS
Asa aya nu beda layout atawa kualitas kertasna kitu,
Epigram rada burem atanapi ieu panon bolorna nambihan?
mj
http://geocities.com/mangjamal
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

