Peré kamari, ngahaja ka walanda nongton pasar malem tongtong. Ramé ogé. Ti Bandung aya rombongan penari, anu disarebat opat Diva (ceu Indrawati Lukman, Ceu Ira, Ceu Yetti Mamat sareng Bu Endang - Doktor hiji-hijina di STSI Bandung); ogé aya rombongan angklung Pa Udjo anu dipingpin ku Taufik, putrana.
Kadinya téh dijajapkeun ku Kang Ocong sareng Ceu Hanna istrina. Duanana oge urang Bandung, tangtos wae nyarariosna teh ku basa Sunda. Anu hélok téh, barang ditepangkeun sareng anu jaga panto. Tina rarayna jelas pisan turunan ambon; tapi barang diajakan ngobrol basa sunda lemes pisan. Majar téh da abdi ogé urang Bandung ti jalan Brantas. Barang ngadangu aya anu ngobrol ku basa sunda, torojol téh aya anu sipit, sigana mah turunan cina ngiring nyarios ogé "abdi ogé sami ti jalan dipati ukur". Dina waktos ngurilingan stand sareng, pun bojo naroskeun :ari milarian sapu nyéré dimana nya?. Anu ngawaler téh hiji istri anu siganamah turunan ambon deui. Bari nunjukeun: "di palih ditu milarian sapu nyéré mah" cenah. Ngadangueun nyarios ku basa sunda téh, aya ogé anu merhatoskeun sigana mah. Bapa-bapa cetuk huis, nyaketan :"abdi ogé urang sunda ti kota Delft" cenah. Aya ogé stand rumah makan sunda, dinamian Sari Sunda. Anu jagina urang Bandung, namina Ibu
Hanna. Ti Gégér Kalong. Aya ogé stand urang Belanda anu ngadamel buku "Saya ini orang Belanda lahir di Betawi"; namina Pans. Sok sanaos judulna kitu, tapi ari ngaos bukuna mah horéng ngadongéngkeun mangsa anjeuna keur budak di Lémbang sareng Bandung. Cenah anjeuna ogé tiasa basa Sunda. Ngan hanjakal teu kantos ngobrol da sugan téh enya waé Walanda Batawi. Aya pangalaman sanés. Tapi ieu mah di Swiss. Waktos jalan-jalan ka hiji toko, réréncangan téh rada mugen bari nyarios :"tong asup ka toko éta mararahal" cenah bari ngaléos. Naha atuh éta mah si bulé penjaga toko, ngawaler ku basa sunda anu lemes pisan bari rengkuh:" tong waka nyebatkeun awis ibu ...... mangga lebet, tinggalian heula, manawi waé aya anu kaanggé............................" Manahoréng si bulé téh kantos lami tugas di Purwakarta waktos ngadamel bendungan. Ayeuna kasepuhnakeun muka toko di Jenewa. Hilap, ninggal jadwal acara di Tongtong aya ogé hiji program anu dijudulan :"panganteur diajar
basa sunda" Uâmi teu lepat mah dua kali. Anu panungtun kapng 5 Juni, tempatna di teater Bibit. Anu ngawulangna?, saha deui ari sanés sinyoh...............
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

