salam oge..
 
tah geuning, haturan kang acep.
 
kuring ge ari kana undak usuk basa mah teu pati bisa. ngan tulisan kang acep di handap bener pisan. dina uub basa sunda dibagi-bagi, aya basa lemes, basa loma jeung basa kasar. dibagi oge keur ka saha urang ngomong. keur sorangan beda jeung ka batur (ilaharna dipake mun ngomong jeung nu dipihormat atawa dipikolot). ari jeung nu satata/ sapantar biasana make basa loma bae.
 
conto:
kecap dahar, eta basa loma. conto "dud, urang dahar heula yu?".
kecap nu saharti jeung dahar dipake mun keur ngomongkeun sorangan nyaeta neda, conto kalimah, "abdi nuju neda".
Sedengkeun lamun urang keur ngomongkeun batur (nu dipihormat/ dipikolot) make kecap tuang, contona "pa kuwu nuju tuang"
 
UUB masih dipake.
 
kitu meureun, ari jentrena mah urang antosan nu langkung maphum...


dh
tukang ngabejaan bulu tuur
On 6/1/06, Acep Suhendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Salam

Saya pernah belajar
basa Sunda mengenai
kalau tidak salah
ngarana "undak usuk basa"
jadi aya basa Sunda untuk
kasaluhureun, kasasama jeung kasahandapeun
apa pelajaran tersebut masih
kene aya jueng naon harti nu
sabenerna undak usuk basa?


Wasalam
---
AS                     
mailto: [EMAIL PROTECTED]





--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke