Sayah...eh..kuringmah ningali moto nu sarupa eta teh pang mimitina pisan
teh bareto basa masih budak keneh. Haritateh keur ulin di imah si udin
kuring ningali aya gambar poster Pak Soekarno (mantan presiden RI 1).
Dina poster eta diteohna aya tulisan;

JANGAN BERTANYA APA YG TELAH BANGSA DAN NEGARA INI BERIKAN PADAMU TAPI...
TANYALAH APA YG TELAH ENGKAU BERIKAN KEPADA BANGSA DAN NEGARA INI.

Harita teu pati digubris tulisanana, mah. Nu diperhatikeun teh gambar
Pak Karno wae asa gagah kitu. Make seragam bodas, make peci, kasang
tukangna api nu ngentab-ngentab.

Aj Kusnet wrote:

> Haturan, Apih...
>
> Sim kuring kataji pisan ku babasan (motto?) kagungan salira Apih "Tong
> nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa
> dibikeun ka kiSunda", utamina dina milih kecap "nyaliksik" sareng
> "talungtik", nanging sim kuring asa ngaraos kirang cop kana
> kecap"dicokot" sareng "dibikeun" margi upami teu lepat mah "dicokot"
> teh sawalerna tina "disimpen" upami "dibikeun" sawalerna tina
> "ditarima". Dalah kitu, sim kuring teu acan gaduh ide (bongbolongan?)
> naha aya kecap sanes anu langkung merenah tibatan "dicokot" sareng
> "dibikeun" eta?
>
> Ka baraya Kusnet, mangga upami bade ngiring ngemutan. Hiji waktos, sae
> pisan upami eta babasan teh janten "motto resmi" Kusnet.
>
> Baktos,
> AJ
>
> */Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]>/* wrote:
>
>     Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
>     Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke