Inget téh ku hiji adegan dina éta pilem, nalika Gandhi nyarita ka pamajikanana (ménta idin) yén manéhna rék puasa sapatemon (leres kitu? tapi asana mah leres). Walonan bojona téh kieu (kirang langkung),
"Kanggo saabdieun mah teu abot teu sing, Kang. Namung, Engkang bakal kiat, moal? Pikeun Engkang mah, peta kitu téh lir ngawadahan cai sa-sagara kana cangkir..."
Har... teu nyararambung pisan nya, heuheu... beciirrr....... gedebutt!!
Sababaraha waktu ka tukang, kuring kungsi nampa surélék nu eusina ringkesan buku nu dikarang ku turunanana Gandhi. Eta surélék nyaritakeun dirina waktu keur leutik, nu salawasna diatik sangkan hirup jujur, ulah kungsi ngabohong.
Hiji mangsa, manéhna bareng jeung bapana (duka putrana, duka putuna Gandhi) miang ka kota, maké mobil. Di kota, bapana miang ka nu dimaksud, sedengkeun anakna mah ulin, tamba nungguan bapana. Pas ngaliwat ka bioskop, manéhna kairut ku gambarna, jadi wé nongton.
Kocapkeun sanggeusna bubaran bioskop, bapa jeung budak téh tepung deui. Kusabab budakna telat datang, bapana nanya (padahal, sabenerna mah bapana geus nyaho naon pangna telat),
"Naha tas ti mana, Jang..?"
"Euh... Tas ngalereskeun heula mobil, Pa..." jawab budakna.
"Beu, ti iraha Ujang diajar ngabohong? Naha bet teu ngajawab sajujurna, yén Ujang tas lalajo bioskop?" ceuk bapana.
"Kaya kieu mah, tangtu Bapa geus ngalah ngatik budak. Ku kituna, Bapa ayeuna rék ngahukum manéh. Salaku hukuman... Pék, éta mobil supiran ku Ujang nepi ka imah. Bapa rék leumpang..." ceuk bapana, bari ngaléngkah indit.
Budakna, ngadéngé kitu, teu bisa ngajawab nanaon. Antukna, sapanjang jalan ti kota nepi ka imahna, nu jauhna aya puluhan kilo, budak téh nyupiran mobil kalawan alon, marengan bapana nu ngiclik leumpang.
Ti harita, éta budak teu kungsi deui ngabohong.
jk
On 6/1/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Minggu katukang MetroTV, muter film lalakon Mahatma Gandhi. Sanajan
kuring baheula geus lalajo (1983) tapi ngalalajoan deui eta film,
henteu bosen. Bubuhan film hade, meunang piala oscar sababraha hiji.
Nempo film eta, urang bisa ngarasakeun kumaha teu ngeunahna jadi jadi
bangsa nu dijajah. Jadi warga nagara kelas dua. Gandhi, nu sakola
hukum di Inggris, jadi pengacara di Afrika Selatan. Waktu manehna
naek kareta api di afrika Selatan, Gandhi meuli karcis kelas I. Tapi
harita di Afrika Selatan nganut sistem apertheid. Gandhi, sanajan
boga karcis kelas I, teu meunang naek dina gerbong Kelas I. Manehna
kulantaran keukeuh peuteukeuh tungtungna ditalapung ku kondektur di
hiji stasiun, nepi ka nangkarak bengkang di sisi rel ......
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

