Kang Kumi, enya film Gandhi teh kantos diputer ku ANTV, harita kuring
nontonna pas rek enggeusan. Ngan ANTV salah neundeun acarana. Eta film
diputer dina acara film India (bollywood), padahal film Gandhi, sanes
film India, eta film Inggris/Hollywood. Sutradaranana oge sutradara
beken, nu kungsi meunang oscar tina film-film sejen. Meureun pedah
laguna melodi India (kenging Rajiv sangkar, musikus India anu beken, nu
kungsi babarengan jeung The Beatles).

Sareng Istrina Gandhi nikah keur yuswa 13 taun, saperti umumna urang
India harita, anjeunna dijodokeun. Aya adegan nu lucu dina film eta,
wkatu Gandhi di Afrika Selatan nyieun komunitas urang India (Ashram).
Sarerea kudu kabagean meresihan WC. Istri Gandhi, ngarasa eta pagawean
kacida hinana. Atuh hog-hag jeung Gandhi nu ngudukeun istrina oge
mersihan WC. Tepi ka kaluar ucapan ngusir istrina. Tapi akhirna istrina
sadar yen ieu salah sahiji perjuangan Gandhi.

Gandhi, geus sepuhna selibat ( teu campur jeung istrina). Ceuk istrina
geus ka wartawan Amerika, geus dicoba eta oge opat kali..... tapi teu
bisa ...hehehe. Ti saprakna harita Gandhi selibat.

Ceuk kuring mah, sakuduna film "Gandhi" teh diputer di sakola-sakola/
dilalajoan ku barudak, supaya barudak wawasanana jadi leuwih lega.
Sabab seueur nu teu terang, yen nu protes make jalan puasa teh (bari
ngancam tepi ka maot) dimimitian ku Gandhi. Gandhi oge nu nyadarkeun
yen manusa teh boga hak azasi ......... Jadi anjeunna teh pelopor HAM.

Baktos,
WALUYA

-- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kuring mah lalajo teh asa geus sababaraha taun kalarung, harilap deui.
> Pilemna sami kitu?
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke