Sababaraha sasih kapengker Prof Edi teh teu damang abot, kantos dirawat di RS Al Islam , malih kantos lebet ICU, teras majeng sae dirawat di Ruang biasa saterasna perawatan homecare ti RS Al Islam.
Taun 97-an sim kuring kantos ngarawat, oge di RS Al Islam, di ICU kumargi serangan jantung. kalebet lami dugi ka dua mingguan. Kumargi harita tugas teh numetep di Ruang ICU. Nya harita janten wanoh pisan kumargi sering ngobrol utamina perkawis kasundaan sareng bag-bagan wayang, kantos panca kaki da geuning Prof edi teh raaka senior kuring Dr.Alex Chaerul Fatah SpA.
Saparantosna damang, arang papanggih, sanajan beja namah sok aya wae da loba babaturan nu di sastra sunda, dugi ka pendak deui nuju dirawat kamari. Basa papendak di ICU teh masih dina kaayaan 'somnolen' (kasadaran siga nu tunduh), tapi masih apaleun basa dilayad teh.. diguar ku dongeng2 baheula...
Kataji ku sumangetna.. sok sanaos nuju teu damang wales.. dina nuju emutna masih tataros padamelan di kampus anu tacan rengse... Meureun ieu ilapat keur ki sunda.. yen masih loba hanca hancengan anjeunna nu kudu direngsekeun... boa-boa
Mugi anjeunna ditampi amal ibadahna, kuring nyakseni mantenna kalebet jalmi nu soleh...
baktos.. dadang


New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC and save big.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke