sunda.
Sim kuring Dicky, urang sunda pituin. Kawit ti Bandung, ayeuna nuju nyiar di
Cilegon.
Tos lami hoyong ngiringan ngan nuju ngantos-ngantos waktos anu pas.
Eh ari torojol teh aya Kang Daeng -eta dr. Dadang Rukanta-....Kumaha damang
Kang Daeng? Masih emut ka sim kuring, rayi Ang Noni - dr. Nurul Fathoni-.
Apan 3 taun sim kuring calik di Mimih, Cikaso-Cisadea- Cimalaka2-Bandung.
Hatur nuhun, baktos ka Teh Deceu,
Hapunten...pondok nyogok, panjang mah bisi nyugak.
-dicky m-
>From: dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]>
>Reply-To: [email protected]
>To: [email protected]
>Subject: [Urang Sunda] Prof Edi S Ekajati - nyoreang
>Date: Thu, 1 Jun 2006 01:59:35 -0700 (PDT)
>
>Sababaraha sasih kapengker Prof Edi teh teu damang abot, kantos dirawat di
>RS Al Islam , malih kantos lebet ICU, teras majeng sae dirawat di Ruang
>biasa saterasna perawatan homecare ti RS Al Islam.
> Taun 97-an sim kuring kantos ngarawat, oge di RS Al Islam, di ICU
>kumargi serangan jantung. kalebet lami dugi ka dua mingguan. Kumargi harita
>tugas teh numetep di Ruang ICU. Nya harita janten wanoh pisan kumargi
>sering ngobrol utamina perkawis kasundaan sareng bag-bagan wayang, kantos
>panca kaki da geuning Prof edi teh raaka senior kuring Dr.Alex Chaerul
>Fatah SpA.
> Saparantosna damang, arang papanggih, sanajan beja namah sok aya wae da
>loba babaturan nu di sastra sunda, dugi ka pendak deui nuju dirawat kamari.
>Basa papendak di ICU teh masih dina kaayaan 'somnolen' (kasadaran siga nu
>tunduh), tapi masih apaleun basa dilayad teh.. diguar ku dongeng2
>baheula...
> Kataji ku sumangetna.. sok sanaos nuju teu damang wales.. dina nuju
>emutna masih tataros padamelan di kampus anu tacan rengse... Meureun ieu
>ilapat keur ki sunda.. yen masih loba hanca hancengan anjeunna nu kudu
>direngsekeun... boa-boa
> Mugi anjeunna ditampi amal ibadahna, kuring nyakseni mantenna kalebet
>jalmi nu soleh...
> baktos.. dadang
>
>
>---------------------------------
>New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC and save
>big.
_________________________________________________________________
Express yourself instantly with MSN Messenger! Download today it's FREE!
http://messenger.msn.click-url.com/go/onm00200471ave/direct/01/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

