Assalamu'alaikum Wr.Wb

Simkuring ngahaturkeun nuhun pisan kana piwuruk sareng
informasi nu teu kinten pentingna. Mugia Bapa
sakaluargi aya dina panangtayungan Alloh SWT salamina.
Amin

Wassalam,
Porenges



--- Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ngiring bela sungkawa ku ngantunna Prof. Edi
> Ekadjati. Diantawis karya ilmiahna anu peryogi
> dibaca, nyaéta orasi pengukuhan guru besar mantena
> di Unpad. Dina éta orasi salian ti ngadadarkeun
> ngeunaan karajaan-karajaan sunda jaman baheula, ogé
> diguar ngeunaan sajarah sunda kontémporér,
> diantawisna pergerakan urang sunda dina pertengahan
> taun lima puluhan, ngadegna negara pasundan (versi
> Musa Kartalegawa), ssb.  Entragan anyar, peryogi
> paham kana ieu sajarah sunda taun lima puluhan,
> margi kusabab éta urang sunda sok dianggap
> provinsialis, sukuisme jsb. (utamina ku pamaréntahan
> Orla sareng Orba). Dina éta orasi urang bakal uninga
> kana istilah "co" sareng "non co" ka pamaréntahan
> walanda. Kumargi aya anu ngadegkeun nagara Pasundan,
> urang Sunda dianggap cooparative ka pamarentahan
> walanda (nagara-nagara sarikat téh, kalebet nagara
> pasundan kapan hasil tina ayana RIS taun 49 anu
> diluluguan ku pamaréntahan walanda pingpinan Van
> Mook). Kukituna samulihna urang sunda tina hijrah ka
>  jogja, sababaraha jabatan penting di tatar sunda
> dieusian ku jalmi-jalmi anu dianggap "non co" anu
> kaleresan diantawisna urang jawa. Ninggali kayaan
> éta, seueur urang sunda anu kasigeung, nya harita,
> pamuda sunda ngawitan bergerak (utamina urang
> Bogor). Tokoh-tokohna diantawisna waé: Kang Saikin,
> Kang Adjam Samsupradja, ssb. Intina teu panuju kana
> sikep pamarentahan Presiden Sukarno.  Di Bandung
> nyalira, aya peristiwa anu ngageunjleungkeun, anu
> disebat persitiwa kavaleri, anu dipingpin ku Bapa
> Sukandabratamanggala. Sabada kajadian harita,
> tokoh-tokoh Sunda seueur anu dijebloskeun ka panjara
> -- tanpa prosés pangadilan.
> Salian ti diulas (sakedik) dina orasi Pa Edi
> Ekadjati, kajantenan éta téh diulas ogé dina buku
> "Hurip Waras" karya kang Ajip Rosidi.
> Supados langkung écés, aos éta dua buku. Langkungna
> ti kitu, sugan aya deui urang Sunda anu kersa
> neuleuman langkung teleb kana éta kajantenan,
> supados urang uninga lalampahan sajarah, anu
> diantawisna ngahasilkeun dosa warisan ka entragan
> anyar urang sunda.


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke