|
Bagea Kang
Ndoel
.kamana wungkul? Karek mucunghul
teu mawa pacul? Kade ah bisi diudag
tuyul!!..hihiih kalahka ngacaprux
maklum dinten Jumaah
Eh, pan saur Uwa
Sas oge micinta Basa Sunda teh salah sahijina tina dongeng, saur MJ ge
ngadongeng teh tiasa nyenangkeun batur
tah abdi ge nuju diajar basa Sunda,
hoyong micinta sunda ku jalana ngorong eh, ngarang atanapi nerjemahkeun
artikel
sugan sareng sugan aya kecap2 nu teu acan terang atanapi kirang merenah,
pek teh muhun aya we nu ngalereskeun
hatur nuhun Kang Kumi sareng Kang
Waluya
tadinamah abdi teh sakuat tanaga
maksakeun moal nganggo basa deungeun ari
pek teh hese, perfeksionis teh jadi sampurna? Padahal moal aya jalmi nu
sampurna. Abdi mah sanes
ilmuwan atanapi nuju sekripsi Kang Eddy
nya resep we nitenan kaayaan
sakurilingna nu tiasa dijantenkeun dongeng, basa kerennamah Pengamat
heheh. Saleresnamah
ngorong teh teu jorang, da bade dikumahakeun deui moal nya diantep dugi ka
pinuhna, komo bari salesma mah
nya dialaan meh bersih
tapi tong kabina-bina
teuig
Aya dongeng deui
: Basa nuju kuliah
keneh, abdi gaduh rerencangan nu kabogohna teh tukang ngorong. Ihhhh
eta mah sugan
waktos teh seep dianggo ngorong! Matak ku barudak teh dilandih si Korong.
Anjeuna teh hobby pisan panjat tebing alias tataekan na gawir, abdi mah sok
bingung kumaha nya pami nuju tataekan bari ngorong?!! Pan pibahayaeun
wungkul?!!!
.tapi Alhamdulillah, geuning buktosna masih aya keneh
dikieuna. Hiji deui, ieu
mah pun Bapa (Alm). Anjeuna resep pisan ngasuh murangkalih, sok diheureuyan,
diajak dadagangan pami istri, pami pameget sok diajak maen mobil-mobilan srrd.
Dasar pameget teu dimana-mana teu saha-saha
angger we baong kalebet pun
Bapa
Murangkalih teh
pan sok saturut-turutna, tah...pun Bapa teh ngorong nganggo curuk, teras
ngalamot cingir
Eeeeh
.diturutan ku murangkalih teh ngorong ku curuk atosna teh
ngalamot curuk deui! Atuh ngabarakatax nu ningali teh
hweheheh
Kuat ka
akey-akeyan eta maos seratan Wa Siddik
hwahahah
nya pantes Kang Endoel janten
Juragan Korong. Leres oge saur Kang Endoel yen anjeuna teh jalmi bageur sanaos
abdi teu acan kantos patepang oge
buktosna ngangken sok ngaledotkeun alias
berehan ka batur mere maweh kayaning Korong
heheh. Baraya tos
waktosna Jaruma'ahan, mangga wilujeng
. ro2. >>> [EMAIL PROTECTED] 06/02/06 10:15AM >>> Ceu Roro..... enjing-enjing teh ceuceuleukeuteukan nyalira payuneun kompi, nepi ka babaturan nu calik gigireun mah rada ngajauhan pajarkeun abdi keur owah meureun... Heu...heu.... Mung hanjakal abdi teu kalebet kategori nu dihandap, soalna mah abdi mah lebetna teh kana kategori : Jalma Bageur, nyaeta : Pami ngorong sok dilodetkeun ka batur... hi..hi..hi... -dul- tukang ngorong *enbe : nuhun ah, nambihan koleksi perkorongan Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Re: Ngorongna Kang Ndoel Roro Rohmah

