Assalamualaikum
Alah..., jumaah kieu...., aya nu ngadongeng perkawis 'korce' atanapi korong...., janten emut waktos ngawitan ngumbara ka Batawi..., eta mah nyaan...., na quatity korce meningkat..., biasana mung ukur 'sacuwil' (naon tah sundana) na ieu mah produksi meningkat dugi ka 'tujuhcuwil' dugi ka kiwari..., kabiasaan ari nyongkelna kedah dibantos ku curuk...., matak saur 'anjeuna' na teh  na....ari Eneng meuni keudah ku copstik ari 'ngorce' teh...., tapi suwer teu jiga Kang Ndoel..., tara dilodetkeun ka batur....., Nuhun...
 
 
 
Neng Iceus

Bagea Kang Ndoel….kamana wungkul? Karek mucunghul…teu mawa pacul? Kade ah bisi diudag tuyul!!..hihiih kalahka ngacaprux…maklum dinten Juma’ah…
 
Eh, pan saur Uwa Sas oge micinta Basa Sunda teh salah sahijina tina dongeng, saur MJ ge ngadongeng teh tiasa nyenangkeun batur…tah abdi ge nuju diajar basa Sunda, hoyong micinta sunda ku jalana ngorong eh, ngarang atanapi nerjemahkeun artikel…sugan sareng sugan aya kecap2 nu teu acan terang atanapi kirang merenah, pek teh muhun aya we nu ngalereskeun…hatur nuhun Kang Kumi sareng Kang Waluya…tadinamah abdi teh sakuat tanaga…maksakeun moal nganggo basa deungeun ari pek teh hese, perfeksionis teh jadi sampurna? Padahal moal aya jalmi nu sampurna.
 
Abdi mah sanes ilmuwan atanapi nuju sekripsi Kang Eddy…nya resep we nitenan kaayaan sakurilingna nu tiasa dijantenkeun dongeng, basa kerennamah “Pengamat” heheh.
Saleresnamah ngorong teh teu jorang, da bade dikumahakeun deui moal nya diantep dugi ka pinuhna, komo bari salesma mah… nya dialaan meh bersih…tapi tong kabina-bina teuig…
 
Aya dongeng deui :
Basa nuju kuliah keneh, abdi gaduh rerencangan nu kabogohna teh  tukang ngorong. Ihhhh…eta mah sugan waktos teh seep dianggo ngorong! Matak ku barudak teh dilandih si Korong. Anjeuna teh hobby pisan panjat tebing alias tataekan na gawir, abdi mah sok bingung kumaha nya pami nuju tataekan bari ngorong?!! Pan pibahayaeun wungkul?!!!….tapi Alhamdulillah, geuning buktosna masih aya keneh dikieuna.
 
Hiji deui, ieu mah pun Bapa (Alm). Anjeuna resep pisan ngasuh murangkalih, sok diheureuyan, diajak dadagangan pami istri, pami pameget sok diajak maen mobil-mobilan srrd. Dasar pameget teu dimana-mana teu saha-saha…angger we baong kalebet pun Bapa…
Murangkalih teh pan sok saturut-turutna, tah...pun Bapa teh ngorong nganggo curuk, teras ngalamot cingir…Eeeeh….diturutan ku murangkalih teh ngorong ku curuk atosna teh ngalamot curuk deui! Atuh ngabarakatax nu ningali teh hweheheh…
 
Kuat ka akey-akeyan eta maos seratan Wa Siddik…hwahahah…nya pantes Kang Endoel janten Juragan Korong. Leres oge saur Kang Endoel yen anjeuna teh jalmi bageur sanaos abdi teu acan kantos patepang oge…buktosna ngangken sok ngaledotkeun alias berehan ka batur mere maweh kayaning Korong…heheh.
 
Baraya tos waktosna Jaruma'ahan, mangga wilujeng….
 
ro2.


>>> [EMAIL PROTECTED] 06/02/06 10:15AM >>>
Ceu Roro.....
enjing-enjing teh ceuceuleukeuteukan nyalira payuneun kompi,
nepi ka babaturan nu calik gigireun mah rada ngajauhan
pajarkeun abdi keur owah meureun...
Heu...heu....

Mung hanjakal abdi teu kalebet kategori nu dihandap,
soalna mah abdi mah lebetna teh kana kategori :

Jalma Bageur,
nyaeta : Pami ngorong sok dilodetkeun ka batur...
hi..hi..hi...

-dul-
tukang ngorong

*enbe : nuhun ah, nambihan koleksi perkorongan






Do you Yahoo!?
Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail Beta.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke