Maung lolobana hirup di leuweung jeung tatar jukut (nu luyu pikeun kamuflasena). Ti antara sadaya ucing badag, ukur maung jeung jaguar nu bisaan ngojay, sakumaha urang biasa manggihan maung keur ngojay di situ atawa wahangan. Maung ilaharna moro sorangan, ngamangsa utamana hérbivora sedeng kayaning uncal, mencek, jeung bagong. Sigana ukur manusa nu mangrupa prédator maung, nyaéta dina raraga moro jeung pikeun ngarah siritna, nu ceuk sakaol, padahal teu bener, mangrupakeun afrodisiak. Alatan ruksak habitatna jeung diboro, populasi maung beuki nyirorot sahingga asup kana daptar spésiés nu kaancam punah. Maung mangrupakeun salasahiji sato nu aya dina punclut ranté dahareun. Hulu maung ogé dianggap lambang Wang (raja).
Dedegan
Ciri pisik maung gumantung kana subspésiésna. Sacara umum, maung jalu beuratna 150 - 310 kg (330 lb - 680 lb), sedengkeun nu bikang 100 - 160 kg (220 lb - 350 lb). Panjangna, nu jalu 2.6 - 3.3 méter (8'6" - 10'9"), sedengkeun nu bikang 2.3 - 2.75 méter (7'6" - 9'). Ti antara subspésiés maung nu aya, Maung Corbetts mangrupa nu pangleutikna, sedengkeun Amur nu pangbadagna.
Warna dasar bulu maung nyaéta antara konéng nepi ka semu beureum, kalawan bodas lebah dada, beuheung, jeung sela suku. Varian résésif nu ilahar nyaéta bodas, nu bisa borojol ti campuran nu cocog; bodas ieu lain albino. Maung hideung melanistik ogé kungsi kabéjakeun, tapi conto hirupna teu kungsi karékam. Aya ogé maung emas (Ing. golden tabby tigers, golden tigers, atawa tabby tigers) nu mibanda bulu warna emas nu leuwih caang batan warna maung biasa, sedengkeun welangna coklat. Variasi warna ieu jarang pisan, nu ukur aya di panginguan.
Polét maung warnana rupa-rupa, ti hawuk nepi ka hideung meles. Bentuk jeung kandelna béda gumantung subspésiésna, ilaharna leuwih ti saratus polét (Maung Jawa mibanda polét nu leuwih loba). Pola welang maung unik béda di unggal sato, sahingga bisa dipaké pikeun ngabédakeun hiji hijina, sakumaha sidik ramo dipaké pikeun ngabédakeun hiji jalma. Tapi, cara ieu teu dipiresep alatan héséna ngarékam pola welang maung liar. Welang ieu kamungkinan penting pikeun kamuflase, sahingga maung bisa nyumputkeun manéh ti mangsana.
Cara maéhan
Maung biasa nalukkeun mangsana ti mana baé, biasana mah dibongohan, ngégél beuheungna nepi ka tikorona mites atawa megatkeun saluran getihna.
Salaku jago ngojay, kadang maung ngamangsa bari ngojay. Malah kungsi kabéjakeun maung ngadodoho parahu nu ngala lauk.
Subspésiés
Maung kabagi kana dalapan subspésiés, tilu di antarana geus dianggap punah, sarta hiji ampir punah. Maung (kungsi) hirup di Rusia, Sibéria, Iran, Afganistan, India, Cina, jeung Asia tenggara, kaasup kapuloan Sunda. Di antara nu aya kénéh, nyaéta:
* Maung Bengali (Panthera tigris tigris) kapanggih di sapanjang leuweung jeung tatar jukut Bangladés, Butan, Cina, India, jeung Népal, nu diaku salaku sato nasional ku Bangladés jeung India. Populasi liarna kira 3000 nepi ka 4600, lolobana aya di India jeung Bangladés. Maung ieu kiwari keur kadéséh pisan boh alatan ngurangan habitatna jeung diboro; sababaraha resép kadokteran Cina (hususna pikeun nambaan peluh) merlukeun bagian awak maung. Project Tiger, hiji proyék konservasi nu medal taun 1972, saeutikna geus bisa ngabantu pikeun ngajaga subspésiés ieu.
* Maung Indocina (Panthera tigris corbetti), ogé disebut maung Corbetts, hirup di Kamboja, Cina, Laos, Malaysia, Myanmar, Muangtai, jeung Viétnam. Populasina antara 1200–1800, tapi sigana mah kurang ti sakitu. Populasi panglobana aya di Malaysia, nu ngontrol pamoroanana kalawan ketat, tapi tetep baé populasina kaancam ku fragmentasi habitat jeung inbreeding. Di Viétnam, ampir sapertiluna maung ditelasan pikeun masok farmasi Cina, sarta pikeun masarakat miskin dianggap salaku sumber upajiwa.
* Maung Sumatra (Panthera tigris sumatrae) ukur aya di pulo Sumatra, Indonésia. Populasi liarna kira ukur 400 - 500, nu utamana aya di lima taman nasional. Uji genetik geus hasil ngagali ayana marka genetik unik, nu nandakeun prosés tumuwuhna spésiés anyar (mun teu kaburu punah). Hasil ieu nunjukkeun pentingna ngaheulakeun konservasi Maung Sumatra batan subspésiés séjén. Diranjahna habitat jadi sabab utama ancaman kana kahirupan Maung Sumatra (ngabalak leuweung, kaasup di taman nasional), najan kabéjakeun 66 maung ditémbak/diboro antara taun 1998 jeung 2000—ampir 20% tina populasi total.
* Maung Sibéria (Panthera tigris altaica), ogé katelah maung Amur, Mansuria atawa maung Cina Kalér, ampir sagemblengna aya di Rusia wétan nu kiwari dijaga. Kiwari aya kurang ti 400 nu liar, nu sigana populasi-populasina geus teu bisa dipaké sacara genetik, alatan geus lobana inbreeding.
* Maung Cina Kidul (Panthera tigris amoyensis), ogé katelah maung Amoy atawa Siamén, subspésiés nu paling kaancam punah, malah nu liar mah ti saprak kapanggih terus ditémbak nepi ka paéhna taun 1994, teu kungsi kawénéhan deui di habitat alamina nepi ka kiwari. Taun 1959, Mao Setung ngumumkeun yén maung dianggap hama, sahingga jumlahna nyirorot pisan, ti 4000-an leuwih jadi 200-an taun 1976. Taun 1977 pamaréntah Cina malikkeun undang-undang ieu, sarta ngahulag diborona maung liar, tapi kawijakan ieu geus telat teuing pikeun nyalametkeun subspésiés ieu. Kiwari, di Cina aya 59 maung Cina inguan, nu borojol ti ukur genep maung. Balukarna, karageman genetik nu dipikabutuh pikeun mertahankeun subspésiésna geus teu aya, sahingga kapunahanana geus aya na lawang panto.
Punah
* Maung Jawa (Panthera tigris sondaica) ngan aya di pulo Jawa, Indonésia. Sigana subspésiés ieu punah taun 1980-an, alatan diboro jeung ruksak habitatna ti taun 1950-an mula (taun sakitu téh dikira-kira populasi maung geus tinggal 25-an), malah ti jaman Hindia-Walanda sato ieu téh geus diboro pikeun kasenangan para pangagung Walanda. Maung Jawa kasaksian kénéh taun 1979.
* Maung Kaspia atawa Maung Pérsia (Panthera tigris virgata) kungsi aya di Afganistan, Iran, Irak, Pakistan, Uni Sovyét baheula, jeung Turki. Punah taun 1960-an, sabab taun 1968 kungsi kénéh katempo.
* Maung Bali (Panthera tigris balica) ngan aya di Bali. Maung ieu diboro nepi ka punahna—Maung Bali pamungkas (sigana) dipaéhan di Sumbar Kima, Bali Kulon, tangal 27 Séptémber 1937; nu mangrupa bikang sawawa. Maung ieu masih kénéh mibanda ajén penting dina ageman Hindu Bali.
Baca ogé
* Smilodon (kawentar ogé dina sebutan maung huntu gobang)
* Candi Maung, candi Buda di Muangtai
Rujukan
* Jim Corbett. 1946. Man-eaters of Kumaon. Oxford University Press.
Tumbu kaluar
* Sierra Club (salasahiji proyék konservasi maung)
* Tatar Maung
* Enchanted Learning Software - Sadaya Ngeunaan Maung
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Maung"
On 6/6/06, jaka <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MAUNG.....
--
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

