|
Ceu Romlah
Tong nyeungseurikeun lamun ceuceu ngaku selebritis. Teu
percaya? pek we tanyakeun ka selebritis sejen,najan ngaran ceuceu euweuh cut-an,
tapi mun nanyakeun ka cut tari atawa cut memey pasti moal bireukeun. Komo
tora sudiro mah mani pok pisan pajarkeun teh ceuceu mirip virnie ismail, mirip
virnie soteh pedah we nempona tina satelit, coba mun keur paadu hareupan,
bleg we si aming keur merankeun nini nini. Sabenerna mah ceuceu
teh embung jadi selebritis teh, najan katingalina glamour tapi geus
giung ngasaan pait peuheurna. Kawas basa eta, waktu ceuceu keur jongjon milihan
jengkol ngora di pasar ciroyom, nu ningali ngadadak jarebi bari sing kecewis,
"ih artis artis beuki jengkol". Heueuh da selebritis oge jelema, ari masalah
kasedep mah teu bisa diulah ulah.
Enyaan, ari ngaku artis mah kudu tahan ku gosip, eta we
basa malem minggu kamari, pan diburuan ceuceu teh aya sedan ngajigrog, teu
gugur teu angin, aya munding jalu ngaliwat ujug ujug jeger neunggar panto pager
nepikeun ka rujad, terus asup kapakarangan, atuh jeger deui nenggar kaca
jandela, samarukna nu dijero kaca teh musuh manehna padahal mah kalangkangna. Ih
aya kucua, munding munding bet timburu kuda. Atuh isukna gujrud, ampir kabeh
infotainment ngaberitakeun ceuceu, pajarkeun teh ceuceu di ontrog ku nu kolot.
Ih aya ku rupa rupa. Can root ku gosip eta, geus torojol deui gosip nu leuwih
santer, pajarkeun teh ceuceu aya affairs jeung pupuhu partey, padahal nu
sabenerna ngan ukur kenal jeung mr x jeung mr y, eh ditambahan ketah
ku mr z. Atuh der deui diunggal tabloid ngajareblag ngaran ceuceu.
Matakna, omat ka anak incu mah, ulah nurutan talajak
ceuceu, jadi selebritis, komo selebritis tanggung kawas ceuceu mah ngan ukur
jadi bahan inceran gosip. Beuteung bentelu,langsung diuber uber ku wartawan
infotainment, pajarkeun teh hasil hubungan jeung saha? jeung artis mana? pajabat
nu mana? padahal bentelu soteh seubeuh teuing ngagayem cimol. Dina hal
panampilan oge teu lepas ti gosip, harigu gede pajarkeun teh tas disuntik
silikon, harigu leutik pajarkeun teh tas dioprasi palastik. Padahal mah harigu
ceuceu mah tetep we sagede jambe, deneng eta sawaktu waktu katingalina
sagede berenuk, ngahaja ganjelna rada digedean. Geus ah ngomongkeun
wae gosip da moal aya tungtungna, alukan nek pedikur,medikur, bari nyoo
endog tikukur.***SR***
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Ceu Romlah sr
- Re: [Urang Sunda] Ceu Romlah indung peuting
- [Urang Sunda] Re: Ceu Romlah Emod Morales

