Asa apal ceu Romlah teh..! Mun teu salah mah anu nysuan budakna, terus budakna nyarita " Ma susuna bau roko..!"
--- In [email protected], "sr" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ceu Romlah > Tong nyeungseurikeun lamun ceuceu ngaku selebritis. Teu percaya? pek we tanyakeun ka selebritis sejen,najan ngaran ceuceu euweuh cut- an, tapi mun nanyakeun ka cut tari atawa cut memey pasti moal bireukeun. Komo tora sudiro mah mani pok pisan pajarkeun teh ceuceu mirip virnie ismail, mirip virnie soteh pedah we nempona tina satelit, coba mun keur paadu hareupan, bleg we si aming keur merankeun nini nini. Sabenerna mah ceuceu teh embung jadi selebritis teh, najan katingalina glamour tapi geus giung ngasaan pait peuheurna. Kawas basa eta, waktu ceuceu keur jongjon milihan jengkol ngora di pasar ciroyom, nu ningali ngadadak jarebi bari sing kecewis, "ih artis artis beuki jengkol". Heueuh da selebritis oge jelema, ari masalah kasedep mah teu bisa diulah ulah. > > Enyaan, ari ngaku artis mah kudu tahan ku gosip, eta we basa malem minggu kamari, pan diburuan ceuceu teh aya sedan ngajigrog, teu gugur teu angin, aya munding jalu ngaliwat ujug ujug jeger neunggar panto pager nepikeun ka rujad, terus asup kapakarangan, atuh jeger deui nenggar kaca jandela, samarukna nu dijero kaca teh musuh manehna padahal mah kalangkangna. Ih aya kucua, munding munding bet timburu kuda. Atuh isukna gujrud, ampir kabeh infotainment ngaberitakeun ceuceu, pajarkeun teh ceuceu di ontrog ku nu kolot. Ih aya ku rupa rupa. Can root ku gosip eta, geus torojol deui gosip nu leuwih santer, pajarkeun teh ceuceu aya affairs jeung pupuhu partey, padahal nu sabenerna ngan ukur kenal jeung mr x jeung mr y, eh ditambahan ketah ku mr z. Atuh der deui diunggal tabloid ngajareblag ngaran ceuceu. > > Matakna, omat ka anak incu mah, ulah nurutan talajak ceuceu, jadi selebritis, komo selebritis tanggung kawas ceuceu mah ngan ukur jadi bahan inceran gosip. Beuteung bentelu,langsung diuber uber ku wartawan infotainment, pajarkeun teh hasil hubungan jeung saha? jeung artis mana? pajabat nu mana? padahal bentelu soteh seubeuh teuing ngagayem cimol. Dina hal panampilan oge teu lepas ti gosip, harigu gede pajarkeun teh tas disuntik silikon, harigu leutik pajarkeun teh tas dioprasi palastik. Padahal mah harigu ceuceu mah tetep we sagede jambe, deneng eta sawaktu waktu katingalina sagede berenuk, ngahaja ganjelna rada digedean. Geus ah ngomongkeun wae gosip da moal aya tungtungna, alukan nek pedikur,medikur, bari nyoo endog tikukur.***SR*** > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get to your groups with one click. Know instantly when new email arrives http://us.click.yahoo.com/.7bhrC/MGxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

