Meuruen ieu nu ngarana basa sunda anu LOMA teh? Enya kuring oge rada helok ningali tulisan uwa. Dina kalimat-kalaimat awalan wae tingali; "Geus tilu poe....". Pan mung make basa sunda nu lemes kuduna(?) kieu sanes , "PARANTOS TILUS DINTEN..."
On 06/06/06, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Geus tilu poe kuring teh ngilu pameran buku ti tanggal 5 Juni - 8 Juni 06, nu diayakeun ku komunitas Lawang di gedong Indonesia Menggugat di Jl Perintis Kemerdekaan Bandung, ari buku anu dipamerkeun ku kuringa mah nya buku buku Sunda we, teu loba mawa buku teh kurang leuwih aya saratus lima puluh judul mah.Alhamdulillah sambutan ti anu ningali mah rada alus, ngan sok rada ngageuri we geuning loba keneh barudak anu teu pati wanoh kana buku Sunda, diterangkeun teh siga nu baluweng.Poe kahiji ngayakeun diskusi jejerna nyaeta "Buku Sunda Mencari Pembaca" nu jadi pembicarana nya kuring sorangan sabage anu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda, kadua nyaeta Kang Rachmat TH ti Kiblat Buku Utama sabage penerbit buku buku Sunda, katilu Kang Tedi Permadi sabage akademisi nu ngajar Sastra Sunda, ari moderatorna nya Mang Jamal.Pameran teh nepi ka poe ieu, lumayan anu ningali mah poe kamari aya Pa Dedem Ruhlia wakil gupernur manten, ti Budpar ge aya, dina buku tamu teh aya kana 60 jalma mah eta ge nu nulis wungkul da sigana anu teu nulis teh leuwih loba. Kuring dipameran teh dibantuan ku Kang Didin Tulus, panyajak, da poe Salasa kamari dina Koran Sunda aya sajak-sajakna.Poe kamari pasosore panggih jeung Kang Ira ti Cigugur, nya ngobrol rada uplek, ngeunaan Sunda, nepi ka elat mulang.Poe ieu mah nepi ka jam 4 sore, moal nepi kia peuting da cenah gedongna rek dipake prosesi 40 poena wafatna Pram.Bilih baraya aya nu bade ningal pameran buku sim kuring mangga we ka Gedong Indonesia Menggugat.(poe kamari ge kuring geus ngobrol jeung pengelola gedong widang budaya, akhir taun rek nyieun kagiatan budaya Sunda kuring ngusulkeun dijudulan Warung Budaya Sunda, ti mimiti urang Sunda beuki nyeupah nepi ka beuki spagheti, ti mimiti nulis dina lontar nepi ka program komputer, ti mimiti Aki Tirem anu jujur nepi ka ayeuna nu beuki korupsi, nu di display na rada tematis......ngan ieu teh gawe badag.....keun we ah rek ngimpi we heula.....soal prungna ukur sacangkewok eta mah pedah we kuring teu boga waragad.....barade ngiringan kana ieu gawe yeuhhh).MSas(Mang J, hampura kamari teh sarengsena diskusi teu kaburu disuguhan sangu, padahal pincuk sangu teh tos aya, ngan eta atuda Yenti nu ti Kompas ngajak ngobrol we teu minge pisan, jong ongkoh tatanya bae, ari pertanyaanana rada hese geura we kunaon pangna Jonathan Rigg nyieun kamus Sunda Inggris dina taun 1850an...., enya jawaban teh rada inget pedah pamarentah walanda harita nyieun sayembara nu bisa nyieun kamus basa Sunda bakal dibere hadiah 300 gulden tapi asa teu yakin,eta deuih ditanya ari wawacan Panji Wulung eusina kumaha, puguh we rada gaggeggog ngajawab teh, kapaksa we kamari mah macaan deui buku buku eta.Mang J aya amplop ti panitia duka teuing naon eusina mah, sigana mah bon hutang...., sok atuh ka Pameran di antos dugi ka jam 4 sore poe ieu)
--
Wasalam,
Durahman __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___
- Re: [Urang Sunda] Kuring pameran buku Sunda maman durahman
Kirim email ke

