punten abdi oge, kamari teh pendak jeung anwar holid, nu nyerat perkawis novel2 abdi, pabukon yp-kusnet, dina selisik republika tea. teras we ka pangulinan, anjeuna oge ka pamedal tempatna damel.
gara2 tulisan manehna di republika dicemplungkeun ka milis pasarbuku, jadi rame. hehe. kalabet nu ngeritik bebeakan novel2 abdi nu memang ngan ukur pikeun ngahibur, sanes novel kelas sastra berat. hirup geus (cenah) beurat, piraku kudu nulis nu beurat2...karunya atuh nu maca, cape atuh. hehe
insya allah ayeuna sonten ka dinya. bari sakantenan meser Epigram sareng Ferussaga, kintunkeuneun ka Seoul Korkid, Apih pesen.
On 6/7/06, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
__._,_.___
(Mang J, hampura kamari teh sarengsena diskusi teu kaburu disuguhan sangu, padahal pincuk sangu teh tos aya, ngan eta atuda Yenti nu ti Kompas ngajak ngobrol we teu minge pisan, jong ongkoh tatanya bae, ari pertanyaanana rada hese geura we kunaon pangna Jonathan Rigg nyieun kamus Sunda Inggris dina taun 1850an...., enya jawaban teh rada inget pedah pamarentah walanda harita nyieun sayembara nu bisa nyieun kamus basa Sunda bakal dibere hadiah 300 gulden tapi asa teu yakin,eta deuih ditanya ari wawacan Panji Wulung eusina kumaha, puguh we rada gaggeggog ngajawab teh, kapaksa we kamari mah macaan deui buku buku eta.Mang J aya amplop ti panitia duka teuing naon eusina mah, sigana mah bon hutang...., sok atuh ka Pameran di antos dugi ka jam 4 sore poe ieu)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

