ieu sakedik dongeng ngeunaan surili, ti Wikipedia.

jk
-------------

Surili (Presbytis comata, génus Presbytis, golongan Langur, subfamili Colobinae, famili Cercopithecidae, superfamili Cercopithecoidea. Ciri umumna bulu hideung-coklat jeung rada hawuk, buntut jeung disabudeureun dadana bodas. Surili ngarupakeun spésiés monyét éndemik wewengkon Tatar Sunda (Jawa Kulon-Tengah), utamana di wewengkon Ujung Kulon, Leuweung Sancang, Gunung Gedé, Gunung Halimun, Gunung Tilu, jeung Gunung Patuha. Kusabab éndemik Jawa Kulon (wewengkon administratif Jabar jeung Banten ), surili ieu dijadikeun salasahiji ikon sato/fauna Jabar.

Ceuk Direktur Konsérvasi Alam Nusantara (Konus) kira-kira 10 taun kaliwat, populasi surili antara 4.000-6.000. Kiwari, taun 2006 jumlahna kurang ti 4.000. Nu jadi sabab leuweung nu salila ieu jadi habitat asli ukur nyésa dalapan persén. Salian ti éta surili oge salah sahiji primata nu umum dijualbelikeun kalayan ilégal, padahal surili geus dilindungi kalayan maké payung hukum SK Menteri Kehutanan No 301/1991.



On 6/8/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Lodaya apan parantos punah Mang H, kantun dongengna. Dina ayana oge
moal aya di Jawa Barat, tapi di Blauran Banyuwangi (di daerah eta
kungsi aya beja nu mendakan tapak maung ngasah kukuna dina tangkal).
Alesan surili didamel mascot, upami teu lepat mah, kulantaran di
leuweung di Jawa Barat, seueur surilina bari kuring mah acan nempo
buntut-buntutna acan.

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke