Upami teu lepat, eta lagu aya dina dongeng sakadang Kuya jeung sakadang Monyet,
lengkepna mah kieu ;
Tret trot tret trot..
suling aing tulang maung
ditoktrokan ku caladi
diliangan ku bangbara
dipasieup ku sireupeun
torotott..hauungng...
kitu manawi
ssw
Ngobrolkeun sasatoan di Tatar SUnda, cenah sato "mascot" Jawa Barat
rek diganti ku Surili, lain badak deui, da badak mah ayana di
Ujungkulon Banten. Tah dimana nya, tiasa ningali surili di
alam "liar" di Jawa Barat?. Kuring kakara ningali monyet jeung
lutung, di Tatar Sunda, tapi surili oge Oa (owa?) can ningali, ari
lain di kebon binatang mah.
Keur budak sok aya lagu budak, nu unina teh kieu :
Torotot heong,
suling aing tulang maung,
diliangan ku bangbara,
dipikasieup ku sireupeun,
Cing saha nu apal ? .......
WAL

