Keur resep ngobrolkeun sasatoan, da bongan dimimitian ku Kang
Kumi. Kabeneran dua bulan katukang ka imah kuring aya oray asup,
orayna teh rada hideung, sagede cinggir. Lamun di lembur kuring,
eta oray teh biasa disebut oray sapi. Teu antaparah deui neangan
paneunggeul, oray digebug, tepi ka pejet. Geus digebug kuring
ngahuleng, kunaon nya ari manusa lamun papanggih jeung oray,
hayangna teh ngagebug wae. Aya nu nyebutkeun kunaon manusa sok
hayang maehan oray wae, sabab kulantaran "dosa" oray baheula
ngolo Siti Hawa, supaya ngadahar buah kholdi jeung Nabi Adam tepi
ka diusit ti sawarga turun ka dunya.

Tapi para saintist mah boga alesan anu beda. Cenah kasieun jelama
kana sato samodel oray, cucunguk, babakaur, langir jrrd
kulantaran karuhun manusa di jaman pra sejarah hirup dina
guha-guha nu oge tempat oray, babakaur, cucunguk, langir jst.
Sifat "sieun" ku sato-sato ieu diturunkeun ka manusa tepi ka
ayeuna. Jadi geus nasib oray lamun kapanggih ku manusa, dibabuk
tepi ka pejet ...

Oray rupa-rupa. Di lembur kuring  aya oray kisi di sawah, oray
kadut nu kabeukina lauk, oray welang nu peurahna matih. Oray
Warakas, siga oray welang tapi gede. Oray tambang nu leutik, tapi
kacida panjangna. Oray hejo, peurahna matih sok aya dina
tatangkalan. Oray gibug, awakna pondok hirupna dina taneuh, loba
kapanggih di leuweung jati, peurahna matih. Oray sendok
(cobra) nu sok nyiduhan ku peurah. Oray sawah, kabeukina beurit,
teu peurahan. Oray Sanca, oray panggedena.

Tapi aya oge aran oray anu jadi "mithos". Di lembur kuring nu
duekuet jeung Gunung Tampomas, aya mithos soal oray totog, ceuk
cenah oray ieu teh ngagantung dina tangkal, sok notog ti luhur ka
sing saha wae nu ngaliwat. Ku  sieun-sieunna ku oray totog, aya
kapercayaan, tong boro awak urang nu dipacok, dalah kalangkang
urang oge, lamun dipacok, urang langsung ngajungkel.

Mithos nu sejenna, cenah aya oray nu panggede-gedena disebutna
teh oray kuda. Tah ieu mah sigana pacampur jeung mithos orang
cina, da apan Naga teh huluna rada-rada siga kuda.

Baktos,
WALUYA



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Everything you need is one click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke