enya ari kituna mah. itung-itung sodakoh. ngan ayeuna, di imah loba rengit anu galede, anu sakali nyoco teh nyeri kabina-bina. kuring masih bisa nahan, sok sanajan muringin. ngan eta si jalu. anu orok keneh tea, ngan bisa ngadingdiut we bari teu bisa nuduhkeun mana anu dicoco rengit. radi we kudu begadang ngupahan. ari indungna, terus kekebut. mana boga panyakit hese sare.

tantan

On 6/9/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ari kuring mah, kabeneran, teu pati resep kana sumprat semprot teh (boh parpum rohangan atawa obat nyamuk). Alesanana mah aya dua rupa:
- kuring rada sensi kana babauan teh, boh seungitna parpum rohangan atawa bauna obat nyamuk.
- pira kadar diala saeutik, anggap we sodakoh, hehe... kuring mah kajeung dicoco reungit, daripada kudu make obat nyamuk (kaasup bentuk losyen). Mudah2an we reungit nu nyoco teh lain nu gangas, jadi resikona ukur jadi manusa tutul... tutul beureum...

jk


 
On 6/9/06, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED] > wrote:

Kalimah anu dicutat diluhur biasana dipikawanoh ku urang dina salah sahiji iklan racun rengit (ngan urang mah nyebutna obat rengit) merk HIT. Memang, ku sabab teu aya transparansi, kadang-kadang mun ngiklan murah teh, urang tara curiga. Aya penghematan we, meureun. Sahingga hiji produk ngejeburna jadi murah tapi teu eleh kualitet. Padahal, ayeuna kabuktian pisan. Racun rengit anu iklana loba ngagunakeun artis tea teh, ngagunakeun racun anu kacida pisan bahayana.



__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke