|
Janten emut ka pun nini
(Alm.), nalika nuju alit ti Jakarta wangsul ka Wado teh sok disadiakeun kamar nu
dikulambuan..jero hate,Ih, meuni kuno make kulambu
Tapi nu namina sepuh jaman
baheula mah sok aya wae leresna, teu boros artos da meserna mung sakali, moal
digembrong reungit deuih, sareng teu pipanyakiteun
Emut deui ka dongeng
pun Bapa, kahirupan tengtara nu prihatin, biasana di barak2 mah sok nganggo
ranjang nu dipolongoan 4 juru paragi nancebkeun kai panjang kanggo nerapkeun kulambu
saurangna-saurangna. Tapi pami dititenan mah
nganggo kulambu aya kakiranganana oge, nyaeta kebul sok eunteup komo bari nu
gaduhna ngedul mah, meuni sok dugi ka kandel
. tah eta ge tiasa janten
pipanyakiteun. Pami tiasamah tong dipaku nerapkeunana meh tiasa diseuseuh. Pami
keukeuh dipaku, kedah nganggo mesin panyerot kebul
punten sanes mamatahan
reungit ku kebul hihih
. Satos kamari gujrud di
TiPi berita ngeunaan HIT tea, rerencangan kantor aya nu meser kulambu. Meserna
15m, lebarna 1.5m, pangaosna Rp. 10.000,- /meter
.tapi tebih ti Bogor mah, da
meserna ge di Bandung heheh
.dimana-mana ge aya atuh Kang Tan, toko lawon
mah
meuni kedah di Bogor
:P ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 06/09/06 02:45PM >>>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Wa : [Urang Sunda] Yang Lebih Mahal...banyak; yang lebih ... Roro Rohmah
- Re: Wa : [Urang Sunda] Yang Lebih Mahal...banyak; ya... tantan hermansah
- Wa : [Urang Sunda] Yang Lebih Mahal...banyak; yang l... Roro Rohmah

