Biasana KUSnet rame, tapi senen ieu, mani tiiseun pisan. Sigana weureu nongton maenbal di SCTV.
Ngahaja, dijudulan "waspada", siga status kaayaan gunung Merapi (waspada, siaga, awas), pikeun anu ngongton maenbal di televisi SCTV. Utamana mah ka juragan spongsor utamana (juragan Djarum). Sok sanajan heunteu ngagambarkeun jalma nu udud. Tapi saolah-olah ngabenerkeun atawa ngalegalkeun olahraga jeung udud teh heunteu "bertentangan". Punten nya, ieu mah sanes bade nyinggung ka para "ududer" (perokok). Da sadaya oge tos terang atuh kana bahaya udud.(bahuela kuring tos ngirimkeun sajak-sajak Taufik Ismail, bahayana udud). Ku nyaponsoran tayangan piala dunia, sigana hiji kasempetan pikeun pausahaan udud, nunjukkeun eksistensina, sok sanajan ayeuna diwatesan pikeun jalma-jalam anu rek udud di tempat umum, hususna DKI Jakarta. Sigana wae,anu duitna panglobana ngan pausahaan udud. Padahal mah, sabenerna masarakat pikeun ngadanaan hiji kagiatan pasti mampuna, buktina dompet amal di televisi jeung media sejenna sanggup ngumpulkeun dana nepi ka milyaran rupiah. Koncina mah pola pikir masyarakat/pamarentah urang anu teu "sehat". Titenan, iklan-iklan anu ngajegir di sabudereun lapangan tempat maenbal digelar, teu aya iklan rokona. Nya kitu oge tingali sirkuit atawa mobil/motor tempat grand prix digelar, teu katingali deui aya iklan udud. Ari di urang mani sabalikna, da pola pikirna masih can sehat. Jadi iraha atuh urang rek sehat bisa ngawangun bangsa jeung boga para pamong anu ngurus nagara boga pikiran jeung akal sehat? baktos, mrachmatrawyani __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Protect your PC from spy ware with award winning anti spy technology. It's free. http://us.click.yahoo.com/97bhrC/LGxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

